nyingraykeun sujud naneuhkeun raga ka Nu Maujud
ngalungsarkeun sababaraha sajak
nu teu sare, teu dipepende samangsa rengse
janari, lebah patiluan peuting
nyerelekna mangsa ngucuran jalan-jalan rasa
maseuhan hate nu taya rumasa
ngadegdeg raga nu teu pantes legeg
muruluk kulit jeung daging tina tulangna
nyatana taya pangawasa
Tasikmalaya, 2020