Lolongkrang kahayang
Karya: Kang Yoga
Ringkang-ringkang
Kumalayang di alam dunya
Matapoe jadi saksi
Kalayang kakalayangan
Kahayang dina sawangan
Ngawang-ngawang teu kabilang
Ringkang nyimpay
Dina hiji kembang
Muru sajatining kahayang
Mangsa purnama nyaang
Lolongkrang kahayang
Mung dina sawangan
Bingbang longkewang ngahiji
Ngawang-ngawang teu kabilang
Tetela kahayang teu daek ilangÂ
Sapanjang jalan kasorang
Purwakarta. 14102021
Beri Komentar
Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!