Tugas ibu rumah tangga umumna ngurus kulawarga. Ti mimiti nyiapkeun kaperluan sakola barudak, masak, nyeuseuh, beberesih imah, jeung ra-ra deui. Sanaos padamelan rumah tangga rada cap, teu jarang ibu masih hoyong damel. Kumargi kitu, abdi bade nyarioskeun perkawis padamelan sampingan ibu salian ti ngurus imah.
Samemeh panggih jeung bapa, indung kuring gawe di pabrik album nu deukeut jeung imahna, bisa disebutkeun yen indung kuring teh rajin, waktu harita indung kuring jadi tulang tonggong kulawargana. Salian ti neangan duit, indung kuring oge resep kana pagaweanana, meureun ieu mah ku indung kuring teu bisa cicing di imahna, teu resep manja di imahna.
nepi ka hiji poe bapa kuring ngalamar indung kuring sarta ahirna maranehna kawin.. salila nikah indung kuring teu diijinan gawe deui ku bapa sabab bapa kuring teu hayang indung kuring cape nguruskeun pagaweanana. jeung rumah tangga.
Indung kuring kudu milih rumah tangga atawa pagaweanana. Indung kuring ngalaman dilema: di hiji sisi, anjeunna resep pisan kana padamelan na, di sisi sansna, anjeunna og henteu hoyong rumah tanggana sangsara. Indung kuring pageuh milih ngurus rumah tanggana. Waktos ngaliwat dugi ka abdi sareng adina dilahirkeun. Indung kuring hbat, anjeunna ngalakukeunana nyalira tanpa bantosan asisten rumah tangga.
Sanggeus kuring jeung adi kuring beranjak rumaja, sepertina indung kuring geus teu ganggu deui ngurus kami, geus loba waktu luang. kumargi teu resep kaditu kadieu akhirna milih karajinan strimin sareng nyulam.Salain ti eta ibu mah tetela boga hobi sanesna nyaeta maen voli jadi unggal minggu saminggu dua kali ka gor kanggo latihan voli. Oh enya, balik deui kana nyulam jeung strimin, ttla manhna og nyieun loba karya. Sababaraha di antarana anjeunna dijual kusabab babaturan sareng tatanggana resep ka aranjeunna.
Sakitu kaagungan indung anu ku abdi di dunya ieu. Mugi-mugi carita ema tiasa mere ilham ibu-ibu diluar sana.
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana. Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI