Mohon tunggu...
Ahmad Sahidin
Ahmad Sahidin Mohon Tunggu... Alumni UIN Bandung

Menyajikan ulasan buku dan berbagi gagasan. Semoga ada manfaat yang diperoleh saat membacanya.

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Tarikh Nabi Muhammad Saw (Saya Tulis dalam Bahasa Sunda)

19 Maret 2020   07:50 Diperbarui: 3 April 2020   08:41 31 1 0 Mohon Tunggu...


Bismillah urang kawitan. Medar sakedik ngeunaan panutan urang Islam sakuliah jagad, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah shallallahu 'alaihi wa aalihi wassalam. Urang cobian bae didugikeun. Najan kirang sampurna, urang paksakeun bae diguar. Dibuka sakeudik. Dipurak sareng didugikeun ka balarea. Urang susun kalimah anu tiasa ka susun.

Sugan jeung sugan aya diantawis ahli sajarah anu luhung ku elmu sareng jembar ku pangabisa tiasa masihan peupeujeuh sareng ngariksa kana tata basa jeung undak usukna. Malihan memeres kana eusi (fakta) narasi sajarahna oge ditampi pisan. Langkung kritis murakna bakal sae kanggo kamajeungan historiografi sajarah Nabi Muhammad Saw anu katelahna Sirah Nabawiyah.

Perkawis sajarah Nabi Muhammad Saw, aya sababaraha hal anu kedah janten perhatosan urang sadaya. Utamina kanggo anu bade nalungtik sacara akademik.

Anu kahiji ngeunaan sumberna. Dina elmu sajarah parantos janten katangtosan kedah nyutat kitab atanapi naskah anu sacara jaman cakeut ka Rasulullah Saw. Aya sabaraha kitab anu dianggap referensi primer ngeunaan Rasulullah saw sapertos Sirah Ibnu Ishaq, Maghazi Al-Waqidi, Thabaqat Ibnu Saad, Sirah Ibnu Hisyam jeung Tarikh Ar-Rusul wal Muluk anu disusun Ibnu Jarir Ath-Thabari.  Ath-Thabari nyusun sajarahna dumasar kana riwayat-riwayat ti para ahli sajarah anu disebatkeun. Ngan masih keneh riwayah modelna, nyaeta ngan ukur ngumpulkeun jeung nyusun sadaya riwayat anu patali sareng Nabi dipidangkeun dina kitabna.

Sanajan ahli sajarah anu nembe disebat sanes ti generasi sohabat jeung tabiin anu awal, aya kirang langkung dua abad jarakna ti Kangjeng Nabi ka ahli sajarah anu munggaran sapertos Ibnu Ishaq, tapi ku ahli sajarah kontemporer disebat sumber primer. Mun ninggal kana pakem elmu sajarah, saleresna aya anu langkung keuna jeung sajaman sareng Rasulullah Saw, nyaeta kitab suci Al-Quran. Tah ieu disebat referensi primer ku ulama sapertos Muhammad Quraish Shihab, Jafar Subhani, Muhammad Husain Haikal, Husein Munis jeung Akram Dhiyauddin Umari.

Muhammad Quraish Shihab kawentar ahli Alquran anu nyerat Tafsir Al-Mshbah jeung buku Membaca Sirah Nabi Muhammad Saw. Jafar Subhani kawentar ulama marja taqlid di Iran anu nyerat buku Ar-Risalah: Sejarah Kehidupan Rasulullah Saw. Muhammad Husein Haekal, urang Mesir anu nyerat buku Hayat Muhammad. Husein Munis oge urang Mesir anu nyerat buku Dirasat fi Sirah Nabawiyah, kantos medal di urang anu jejer tarjamahna Sejarah Otentik Nabi Muhammad Saw. Tah nami Akram Dhiyauddin Umari mah anu nyerat buku anu jejer tarjamahna Masyarakat Madani: Tinjauan Historis Kehidupan Zaman Nabi. Sadaya buku anu disebatkeun tiasa diaos dina basa Indonesia. Atos medal kantun diaos ku saha bae anu minat dina sajarah Nabi Muhammad saw.

Uih deui ka Alquran. Hanjakalna dina ieu kitab henteu detil dina perkawis kronologis sareng henteu aya unsur waktu mun nataan kajantenan jeung carita dina Alquran. Mun unsur waktu jeung kronologina lengkep, tangtos janten pituduh keur nyerat sajarah. Na elmu sajarah kawilang diutamikeun aspek waktu jeung kronologina lengkep. Kumargi henteu detil dina aspek sajarahna janten dina proses heuristik ngangge kitab-kitab anu parantos disebat diluhur.

Dina buku-buku anu kantos diaos ngeunaan historiography, saurna abad hiji hijrah kantos aya anu nyerat sirah. Nyaeta Urwah bin Zubair bin Awwam (pupus taun 92 hijriah) saterasna Abban bin Usman bin Affan Al-Madani (pupus taun 102 hijriah atanapi 723 masehi). Ngan hanjakal henteu aya buktos kitabna. Anu kabuktos mah generasi sabada aranjeuna. Ayeuna kitab tarikh geus gampil diakses. Loba tarjamah basa Inggris jeung basa Indonesia. Kantun rajin maca jeung daek taliti nalika maca. Komparasi diantawis buku tarjamah oge kalintang sae keur nyampurnakeun kaelmuan sajarah.

Kadua, anu kedah diperhatoskeun nyaeta narasi sajarah anu dipidangkeun dina kitab-kitab tarikh. Boh kitab anu kalasik atanapi anu midang dina abad pertengahan jeung modern, numutkeun kuring masih keneh dominan peperangan, pulitik, jeung guaranna masih umum. Hartosna henteu sasuai sareng aspek uswatun hasanah. Sabab nilik Al-Quran surah Ahzab ayat 21 saestuna Rasulullah saw teh uswatun hasanah pikeun urang sadaya di sakuliah dunya. Kumargi kitu diajar sajarah Nabi Muhammad saw peryogi pisan, hususna dina sual akhlaq jeung ngalakonan kahirupan anu dumasar kana agama Islam.  Ngan hanjakal buku sajarah anu diserat masih kirang na unsur uswatun hasanah. Aya kitab "Asy-Syamail Muhammadiyah" anu disusun Imam Tirmidzi. Ahli hadis anu midangkeun riwayat ngeunaan Rasulullah saw ti aspek basyariyah (fisik) jeung kabiasaan sadidinten ti emam leueut, laku lampah, seuri, nyisir jeung anggoan dugi perkawis banda-banda anu dianggo ku Nabi na sapopoe. Ngan aspek sikep jeung cara hirup henteu ka guar dina eta kitab.

Katilu, anu janten perhatosan kuring nyaeta perkawis aliran (mazhab) jeung ideologi anu ngancik dina susunan kitab sajarah. Simkuring awalna nyangki dina sajarah Nabi Muhammad saw sadayana sami bae henteu aya ikhtilaf. Geuning mayak jeung kedah janten emutan urang nalika bade nyandak ibrah. Nyaeta aya doktrin mazhab Syiah jeung doktrin mazhab Sunni mangaruhan dina tiap buku sajarah, hususna ngeunaan Kangjeng Nabi.
Conto anu kapendak nyaeta perkawis dinten babar Nabi Muhammad saw jeung kapingna. Ahli sajarah anu mazhabna Syiah percanten 17 Rabiul Awwal babarna Nabi Muhammad Saw. Sedengkeun urang Sunni yakin 12 Rabiul Awwal. Urang Syiah percanten babarna Nabi dinten Jumaah. Sedengkeun urang Sunni yakin poe Senen. Sasihna mah sami antawis ahli sajarah Sunni jeung Syiah, nyaeta Rabiul Awwal taun Gajah. Ieu oge taun masehi na aya ikhtilaf antawis 570 jeung 571. Mun ditalungtik mah aya bae anu mahiwal tina kitab sajarah.

Teras ngeunaan lalaki anu mimiti asup agama Islam. Numutkeun ahli sajarah anu mazhabna Syiah nyaeta Sayyidina 'Ali putra Abu Thalib ra. Numutkeun kayakinan urang Sunni mah Abu Bakar bin Abu Quhafah anu mimiti lebet agama Islam.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
VIDEO PILIHAN
KONTEN MENARIK LAINNYA
x