Simpang Lima. Wanci liwat lohor. Giwangkara sidngdang dina pucuk langit. Ngarrab embun-embunan. Kuring diuk dina bangku. Nungguan lf nu ngajak mulang. Torojol budak. Pantaran si Bungsu. Lima taunan. Tmbong rk meuntas. Leumpang. Nyals. Taya kainggis sakitu patalimarga keur meumeujeuhna ram. Kendaraan tingsuliwer ti ditu ti dieu. Paheula-heula nepi. Manhanana teu kebat meuntas. Kalah cicing di palebah tugu. Kalacat. Ttrklan. Asa mangpaurkeun. Luak-lieuk nangan kolotna. Suwung. Jalma-jalma nu aya di dinya g taya nu mirosa. Sakitu titirilikan. Ih, da halar-har. Geregeteun hayang nyark. Kolu. Ngan saukur galcok dina hat.
Laju manhanana turun deui. Cilingcingcat meuntas. Sababaraha kali kabadug ku motor. Mh-mhan w lalabuh. Da teu krl-krl. Berengbeng deui. Nu dina motor ge sarua. Dipapantes th aleureun heula. Ngaroris budak. Tang bisi kumaonam. Ieu mah henteu. Mangprung deui w. Kawas nu taya kajadian nanaon.
Torojol lf ti wtan. Leungeun gasik ngacung. Reg. Sammh nak panasaran hayang ngarrt ka palebah tugu. Nyrngh. Melong.