Rumaja mangrupa harepan bangsa sabab maju mundurna hiji bangsa di mangsa kahareup ditangtukeun ku kualitas nonomanna salaku panerus bangsa. Â Ku kituna, rumaja miboga peran anu penting pikeun agn parobahan di mangsa kahareup. Namun pasualan anu aya nyata teu sakabh rumaja meunang atikan kulawarga. Mangsa rumaja nyata mangsa dimana manusa aya dina mangsa nangan jati dirina jeung mangsa dimana manusa hayang leuwih teleb mikawanoh kana dirina sorangan. Manusa anu nincak kana mangsa rumaja nalika manhna aya dina umur 17 taun. Dina umur sakitu, para rumaja keur aya dina mangsa pubertas. Nalika pubertas, para rumaja biasana keur meumeujeuhna hayang nyaho sagala hal anu aya dina kahirupanna jeung tmbongna mosi anu labil anu ngalantarankeun sering ayana masalah nyata salah sahijina kenakalan rumaja.
Pasualan kenakalan rumaja jadi pasualan nu aya di unggal nagara, salah sahijina di Indonesia. Kasus kenakalan rumaja loba pisan macem-macemna saperti narkoba, miras, tawuran, pergaulan bebas tepika kasus-kasus kriminal sjn anu dilakukeun ku rumaja kaasup anu masih dina yuswa sakola. Â Kasus kenakalan rumaja bisa disebut virus peradaban lamun teu aya nu nungkulan sabab bakal terus sumebar ka unggal kalangan jeung komunitas rumaja. Ieu hal bisa nimbulkeun pasualan anu ged jeung ngancem peradaban hiji bangsa. Ku kituna, kudu ayacara pikeun nyanghareupan ieu pasualan.Â
Sanajan kasus kenakalan rumaja lain kasus anu babari pikeun disanghareupan, tapi urang kudu apal naon dasar pasualan anu jadi cukang lantaran ayana kenakalan rumaja nyata teu sakabh rumaja meunang atikan kulawarga. Kurangna atikan kulawarga sarta atikan ti masarakat iue jadi cukang lantaran ayana kenakalan rumaja. Kulawarga mangrupa atikan kahiji jeung utama, kahiji sabab kulawarga nyata lingkungan awal saacan anak mikawanoh warna jeung utama sabab kulawarga jadi lingkungan sosial jeung mosional diman ta hal kacida mr kualitas pangalaman anu ngajadikeun faktor determinan pikeun ngawangun kapribadian anak (Wahy, 2012).
Atikan kulawarga mangrupa solusi pikeun ngahindar paripolah rumaja anu nyimpamg sabab kulawarga mangrupa sumber atikan kaasih, anu mana sacara psikologis rasa cunta jeung kaasih mangrupa basical need  unggal manusa. Ku ayana atikan kaasih dina jero kulawarga bakal numuwuhkeun silih asih ka sasama, numwuhkeun sikep silih percaya sakaligus ngahindar sikep silih curiga jeung sikep ngatif. Ku kituna, bakal numuwuhkeun sikep positive thinking, sikep silih ngajaga jeung mikahormat.Â
Satuluyna, atikan kulawarga ditambah kabeungharanna ngaliwatan ajn-ajn spiritual, para sepuh bakal usaha pikeun ngajarkeun anak-anakna sangkan ngarti jeung mikawanoh ajn-ajn moral jeung tika di tengah masarakatna, numuwuhkeun pembiasaan anu had keur anak-anakna.Â
Ieu hal satuluyna nempatkeun yn peran atikan kulawarga kacida mr dampak anu kacida signifika pikeun sikep rumaja dina nyanghareupan pasuala-pasualan hirupna. Para rumaja bisa milih jalan hirup anu bener jeung mr manpaat keur dirina, kulawarga jeung lingkunga disabudeureunna. Â Ku kituna, pikeun ngawangun bangsa anu had ieu kudu dimimitan ngaliwatan atikan kulawarga. Ngaliwatan kulawarha rumaja bakal kajaga tina paripolah jeung sikep anu nyimpang jeung bisa nyanghareupan kahirupan anu had.
Rania Ratu Mahrida
XII MIPA 6
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana. Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI