Mohon tunggu...
Mashari Must Say
Mashari Must Say Mohon Tunggu... -

God see you, at least, like you see ants... :)

Selanjutnya

Tutup

Politik

Tujuh Raja Samagama (Satrio Piningit)

17 Januari 2011   09:37 Diperbarui: 26 Juni 2015   09:29 1575
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Harepan digawir waktu
Diteundeun dilamping wangi
Rahayat kaburu hanjat
Raja buru-buru indit
Inggis ka nu mangku hajat
Mulang ka bu nu ngawit

Raja kalima ratu
Istri binangkit tumampi
Kalangkang cahyaning rama
Sabar darana nunggeulis
Geulisna wening cisoca
clak putih manah widuri

Sireum hejo ngagurumut
Miceungceum nami agami
Nyi ratu ngaheungheum nyaah
Sadaya sami walagri
rametek nu ngagareuwah
ratu mesem bari peurih

Ratu mulih waktor suwung
Rahayat keur henang hening
Galinggey tahta ditilar
Layar beureum gentos kelir
Walatra hejo ngajajar
Kembang korma ngalalantri

Raja kagenep jol manggung
Dipunjung diisin-isin
Naek tahta teu kahaja
Nyugemakeun nurarungsing
Nyumponan kalangkang banda
Panyumputan nu korupsi

Raja ngadawuh samutut
Nyarios ageman suci
Miwuruk bari can hadas
Ngajak eling bari nyengir
Rahayat kapegung urat
Rek ngadat lapar na peujit

Peurih kawengku ku imut
Balangsak kahibur janji
Rahayat panjang kasabar
Mungguh ngahampura deui
Bari nyuntrungkeun rajana
Pamimpin pating garuling

Raja nengkas embung mundur
Nagri paciweuh ngulisik
Hukum adonan bibika
Sanjata pamungkas diri
Hakim jaksa ngiring bingah
Kenging cengcelengan kendi

Ragrag mah moal kaluhur
Caang mah moal ti peuting
Raja nyekek kasorangan
Simeut meuting dina jeunjing
Tikusruk kana durukan
Rengse lalakon nagari

Sumpingna raja katujuh
Samagaha nyinglar pamit
Bulan nyimbeuhkeun cahaya
panonpoe bingah ngibing
Tahta purba ngawit muka
Sitinggil sumping ti langit

Sinatria beunghar rengkuh
Dada mencrang ku kanyaah
Panutan sagala alam
Sakti ku weningna ati
Marahmai alam bungangang
Sumping santri ti surgawi

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Politik Selengkapnya
Lihat Politik Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun