"Hampura atuh nya diajak ngobrol rada panjang ieu tèh", gerentes Mang Dèdi nutup obrolan sorè ieu. Manèhna gura-giru, rèk indit deui aya maksud tuluy meuli deungeun sangu cenah, keur buka magrib poè ieu. Sigana make duit tina bati siplah anu dibayarkeun ku Kuring.    "Teu sawios Mang, anggur isin dugi dijajapkeun sagala. Biasana ogè CV (sepe)  anu sanes mah, nya kitu lah". Tembal kuring bari nganuhunkeun kana usahana nganteurkeun pesenan barang beulian keur kaperluan guru-guru di sakola.
     Sabot sasalaman jeung Kuring,  Mang Dèdi masih kènèh siga aya bahan piobroleun. "Ah, kumaha nya? Amangmah husus wèh ka Aden hungkul jajap tèh, da sok aya waè cicisna. Teu siga umumna, mun ditelepon tèh nyebat sèèp waè artosna. Alesan mah mayunkeun loyalitas cenah, duka ka saha?".
    "Leres pisan ètatèh Mang, da loyalitas mah sanès kedah ku artos hungkul nya. Kantenan nganggo artos *O*P anu sakedahna kanggo urusan sakola". Tèmbal pamungkas Kuring bari semu ngaheueuhkeun kakuciwaan Mang Dèdi anu kaalaman ogè ku Kuring, nepi ka 'asa dianaktèrèkeun' ku pingpinan cek paribasanamah. *RENGSE*
Fiksimini Bahasa Sunda, Cèngkad (Carita Èntèng Kadèngèna) minggu ka-1
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana. Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI