Leuwih parnana, kaum guru honorer di sakola negri teh teu saeutik nu hese meunang NUPTK. Padahal eta guru teh geus ngahonor leuwih ti lima taun.
Ari NUPTK teh kawas NIK dina KTP mah. Tina NUPTK jadi salah sahiji sarat tina program program nu diayakeun ku Kemendikbud. Kaasup miluan sertifikasi.
Lebah dieu, perluna pamarentah nyiar solusi deui perkara nasib guru atawa pagawe honorer. Boh gajihna, boh status sarta nasib ka hareupna.
Solusi kawas P3K eta oge hade. Ngan bae kurang keneh sosialisasina. Atuh cara sejenna, pamarentah bisa rukun gawe jeung perusahaan nasional atawa darah, misalna. Ngaliwatan CSR dijieun aturan sangkan perusahaan bisa mere tunjangan tambahan ka pagawe atawa guru honor.
Da, ari lebah tanggung jawab atawa gawe sapopoe mah sarua bae. Babakti ka negeri, nyerdaskeun anak bangsa, tetep miharep jadi ladang ibadah.
Sakitu heula bae nya. Da ieu tulisan teh saenyana meunang masukan atawa curhat para guru atawa pagawe honor oge ti beda-beda daerah.
Mugia dulur jeung para sobat nu miluan tes CPNS bisa lalulus. Atuh ka kaum honor, mugi tetep sabar jeung istikomah. Kum ka sadayana, dina posisikumaha bae oge babakti ka negeri mah ulah pareum.
Mugia Indonesia enyaan maju.