Mohon tunggu...
Adjat R. Sudradjat
Adjat R. Sudradjat Mohon Tunggu... Penulis - Panggil saya Kang Adjat saja

Meskipun sudah tidak muda, tapi semangat untuk terus berkarya dan memberi manfaat masih menyala dalam diri seorang tua

Selanjutnya

Tutup

Humaniora Artikel Utama

Cicing di Imah, Wayahna Ulah Rek Ngarasula

10 April 2020   16:52 Diperbarui: 12 April 2020   23:47 910
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Ilustrasi: Pixabay/Paul McGowan

Usum pagebug virus Corona, jigana geus nerekab tur dipikawanoh ku balarea. Tong boroning nu aya di kota, dalah budak leutik nu aya di lembur singkur oge geus jadi kacapangan sapopoe. 

"Korona, panyakit nu mawa balai ka sarerea," pokna teh.

Ngan hanjakal, dina ngigelan ieu kajadian, masih keneh aya sabagian gede warga nu boga anggapan yen pagebug Covid-19 hamo nular ka dirina.

Dina palebah dieuna mah memang enya rasa percaya diri dina nyanghareupan bancang-pakewuh, mangrupa sikep nu kacida hadena. Cek bahasa Indonesiana mah meureun percaya diri, alias pede, geus sakuduna nyangkaruk dina diri masing-masing.  

Sabab kacida bahayana ceuk para ahli elmu Jiwa (Psikolog) oge, lamun tacan nanaon,  tapi geus ngarasa inggis, sieun, jeung ngarasa hariwang katarajang.

Lantaran pikiran saperti kitu pisan, bisa jadi malah rupa-rupa panyakit bakal narajang diri lantaran dina hatena geus nyangkaruk perasaan nu kurang hade saperti kitu. 

Kapan cenah sagala rupa kajadian oge nu karandapan, dimimitiana teh tina hate, atawa pikiran.

Ku kituna, sapagodos reujeung paribasa: Sadia payung samemeh hujan, oge saluyu jeung uar-pangajak pamarentah, taya deui pilihan sangkan urang dijauhkeun tina pagebug virus Corona nu sakitu ngagalaksakna tur teu kurang-kurang geus loba korban nu tepi ka hanteuna, iwal ti kudu cicing di imah. 

Ngan jigana, lain hartina kudu nyirekem sapopoe di imah, tapi tetep urang teh ulah cicing teu puguh, atawa nyanghareupan televisi tepi ka belel panon, lain. 

Upamana bae di imah teh atuh pikeun nu bisa ngaput, kapan masker teh keur dibutuhkeun pisan ayena yeuna teh. Matak naon atuh nyieunan masker, terus dijualan. 

Kitu deui keur nu biasa tani, boh di buruan, di sawah atawa di kebon, tah alus pisan eta oge, ngan wayahna ulah rek aleut-aleutan, kumpul-riung jeung jalma loba.

Pokona mah tetep produktip, usaha nu ngahasilkeun pikeun pangupa jiwa diri sorangan jeung kulawarga, tapi dibarung ku ngajauhan campur-gaul jeung jalma loba keur sawatara waktu mah.

Lain, lain ngajauhkeun tali silaturahmi, atawa nitah pajauh huma. Ieu mah ngan sakadar tarekah sangkan virus Corona teu nular ka diri urang.  

Keur sawatara mah wayahna ulah rek kumpul-riung jeung jalma rea. Sok komo deui tepi ka raramean kawas mu keur unjukrasa mah, bahaya!

Sumuhun, kapan cenah mimiti  nularna teh lantaran ku ayana campur-gaul jeung nu lian, utamana mah reujeung jalma nu anyar pinanggih, jeung nu karek datang ti kota tur kota asalna teh ceuk sesebutan urang kota mah geus kaasup wilayah zona merah, nu hartina di eta kota geus loba nu katerap ku panyakit virus Corona tea. Contona mah kota Jakarta, Depok, jeung sakuliahna.

Nu matak bisi aya kulawarga, dulur, atawa tatangga nu balik nyaba ti kota, urang kudu pisan waspada. Catet data dirina. Terus laporkeun ka RT, maksudna taya lian supaya bisa kapaluruh boh bisi balikna ka lembur teh mawa bibit panyakit nu kiwari keur rame diadu-renyomkeun jeung jadi puseur perhatian sarerea.

Malahan mah lamun bisa, kulawarga, dulur, atawa tatangga mu keur aya di kota, nu keur nyiar kipayah keur kulawargana, leuwih hade dihulag ulah waka mulang ka lembur. Paur bisi mawa sasalad pegebug ka lembur.

Sok bayangkeun, tangtuna teh salian ti bakal nular ka nu sejen, oge bakal matak ngariweuhkeun ka jalma loba.

Enya ari sonona mah nataku geus lila ditinggalkeun. Lian ti kitu butuh pisan deuih ku hasil usahana pikeun nyumponan bubutuh hirup sapopoe di lembur. Sok komo deui nu geus raweuy ku hutang balas anjuk-ngahutang ka warung mah, tangtuna oge geus matak lieur lamun terus dipikiran teh.

Ngan teu kitu. Lantaran ieu pagebug teh lain wungkul di Indonesia, tapi ampir karandapan ku sa alam dunya, nya wayahna we meureun samemeh pagebug virus corona lekasan mah taya deui pilihan keur urang iwal ti sabar, tawekal, jeung ulah poho neneda ka Alloh nu maha kawasa sangkan urang sadayana tetep disehatkeun, jeung dijauhkeun tina sasalad pagebug virus Corona. 

Ulah, ulah rek ngarasula. komo deui tepi ka pondok harepan mah.

Pokona sing yakin jeung percaya, lamun urang nurut kana pangajak pamarentah, Insha Allah kasusah jeung kahariwang teh bakal tereh diganti deui ku kaayaan nu pinuh ku suka-seuri, jeung lugina saperti sabihara-bihari deui.***

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun