Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Vox Pop Pilihan

Karpridey Munggaran: Si Jangkung, Si Jupi Jeung Lalaki Rancunit

13 Maret 2016   17:23 Diperbarui: 13 Maret 2016   17:25 122
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

[caption caption="CFD - Karpridey Semanggi | Rifki Feriandi"][/caption]Saumur nyunyuhun hulu, asa karek ayeuna rurumpaheun ka Jalan Sudirman, Jakarta di poe Ahad. Enya, poean teu meunang aya kareta mesin ti isuk jedur nepi ka tengah poe jeder, nu ilahar di sebut Karpridey ataw Ce-ep-de tea. Nya kumaha tara ulin ka dieu atuh. Najan rarasaan mah hirup teh ukur di Pamulang,  Jakarta nyingcet, ngan nyeta asa ku jauh teuing ti imah teh. Padahal mah jauh keneh Bekasi, lin?

Ngahaja geus jangjian ti saminggon kaliwat jeung si Ade, si bungsu genep taun, urang ngahaja sasapedahan di Senayan. Najan geus dipapatahan hudang leuwih anggang, tetep we si Ade mah juhe jiga bapana. Enya, jurig hees. Nu rek indit jam lima saparapat – satengah genepan, bleng weh genep saparapat karek siap-siap.

Alhamdulillah gening, nu dipikasieun teh, enya macet, teu kaalaman. Ngan ukur satengah jam-an di jalan. Alhamdulillah oge, aya parkiran hiji deui di Senayan. Jrut kuring jeung si Ade turun. Sapedah diturunkeun. Tas hideung disolendangkeun. Rada tarapti bebekelan tadi teh. Eusina nya inumeun, bekel roti satangkep, jajanan budak jeung.....hape nu bisa motret. Teu mawa kamera alus nu dikeker diputer-puter. Baheula boga hiji, alus harita mah, ngan rusak ku si Cikal. Keun weh, da ayeuna mah motret teh teu kudu make kamera pan.

Nu jangkung

Lir ibarat panganten, asup ka jalan Jenderal Sudirman teh kuring jeung si Ade dipapag, sarupa lah jiga dipapag lengser. Nu mapagna teh wanoja nu teu bisa cicing lir ibarat cacing kapanasan. Meureun ieu nu disebut Zumba teh, ngageol keur olah raga. Nya asa teu pati beda jeung nu mapag di ce-ep-de bubat Bandung. Bedana teh nu mapag di dieu mah wanoja ngora, di ditu mah teu pati ngora. Ah, teu ngiluan dansa kuring mah. Euweuh peta.

Leupas ti “kariaan”, ti kajauhan kaciri aya dua jelema begang pisan. Nyeta ceking pisan teh sabab jelema eta teh jangkung pisan jiga tihang listrik. Nya puguh da maranehna teh badut. Lain badut mah mana aya nu daek nangtung dina kai panjang, hese-hese ngajaga kasaimbangan, jeung make calana koneng enay. Kitu na teh deui pantes, maranehna nangtung di hareupeun panggung “kariaan” nu kadua. Nu ieu mah rada seurieus, diayakeun ku salah sahiji partey. Nu datang na ge gegeden, menteri. Kaciri ti kajauhan menteri jeung nu baheula jadi menteri. Maranehna gening teu beda jiga urang biasa, make kaos oblong . Bener, da menteri oge manusa kawas urang.

[caption caption="Nu jangkung di Ce-ep-de | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Si Jupi

Karpridey jang sabagean batur mah keur kasehatan. Kitu mah pantes loba nu ngagoseh sapedah jeung lumpat seurieus naker. Beda jeung kuring mah. Minangka karpridey munggaran, kuring jeung si Ade malah loba ...selpi jeung wepi. “Kita berdua teh sama, Si Jupi. Jurig Selpi”, meureun kitu komentar batur.

Nya wajar atuh loba selpi oge. Iraha boa coba kuring dipoto hareupeun patung Jenderal Sudirman? Salian ti poe ieu, bisa teu dipoto di handapeun Jembatan Semanggi? Pan henteu. Nyiar-nyiar ditewak pulisi. Jeung, sakali-kali atuh ngaramekeun Bunderan HI seselpian di dinya. Maenya nu bisa selpi teh nu demo wungkul.

[caption caption="Iraha deui selpi di hareupeun patung Jenderal Sudirman | Rifki Feriandi"]

[/caption]

[caption caption="Maenya demonstran wae nu popotoan di HI | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Ngiuhan di Jakarta

Panon poe teu karasa beuki naek ka luhur. Wanci kira-kira ngaluluh taneuh. Najan karek jam dalapan, hawa Jakarta teh panas, rada ngaheab. Komo pas meuntas nu anggang ku kalangkang tatangkalan atawa wangunan agreng. Ngan pas mun aya di iuh kalangkang, cep, hawa jadi malik tiis. Nyaan, tiis pisan dibandingkeun jeung panas ngaheab tadi. Komo mun dibarengan angin ngahiliwir. Endah naker ieu dunya. Nya di tempat nu loba kalangkangna, nu iuh, kuring jeung si Ade loba cicing. Ngabubur heula. Nilik-nilik oray jeung kadal nu sisikan jeung buntutna panjang. Atawa ngahaja diuk di gigir, nempo nu lalar liwat.

[caption caption="Dipoto dinu iuh-iuh | Rifki Feriandi"]

[/caption]

[caption caption="Oray, iguana, kadal oge ngiuhan | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Lalaki rancunit

Ngadeukeutan Bunderan HI, katempo ti kajauhan hiji lalaki, leumpang nyorangan. Ngora tah lalaki teh. Ti tukang wae geus jentre ieu lalaki teh rada beda ti nu lain. Naon nya nu beda teh. Lain pamenteu da karek kaciri tonggongna wungkul. Ngan jigana papakean manehna nu ngajadikeun rada beda teh. Calana pondok sereg. Kaos ngapas awak. Kulit beresih. Rambut rapih, kaayeunakeun – kekinian meureun. Ti hareup kaciri panonna make kacamata hideung. Ieu meureun nu ngarana metrosexual. Jajaka nu kaciri beda pisan ti lalaki lain nu aya di sakurilingeun.

[caption caption="Anjing oge Ce-ep-dean | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Balik deui ka Senayan, di jalan leumpang dua jajaka. Sarua jika lalaki nu tadi. Manehanana anteng ngobrol duaan. Ah, teu dipalire. Meureun sobatna, sanajan asa rada kumaha kitu. Rada pageye-geye. Waktu ngaliwatan nu iuh, kuring jeung si Ade diuk rada lila. Eh, teu sapatara lila, eta lalaki nu duaan teh diuk teu pati jauh. Eta lalaki teh meureun mun awewe mah disebutna teh rancunit. Kasep teuing. Kulitna bodas teuing jang lalaki mah. Calanana ngatung diluhur bitis. Leungeunna rada gede, jigana ulinna ka gym wae. Leungeun kaosna mereketet. Sapatuna beureum euceuy. Kaos kakina koneng.  Kacamata hideungna teu leupas tina beungeutna, nu teu weleh imut. Teuing atuh, artis atawa lain. Manehna duaan ngahaja hayang dipoto jeung anjing alus nu keur diajak leumpang ku dunungannana. Alus anjing teh, nu hiji hideung galing muntang, nu hiji coklat saheab. Manehna duaan ngagaya jeung anjing. Deui, pageye-geye. Is...maksudna, anjingna nu pageye-geye.

Beuh, boa-boa anjingna teh ... Ah, teuing atuh.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Vox Pop Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun