Mohon tunggu...
Hana Marita Sofianti
Hana Marita Sofianti Mohon Tunggu... Guru - Praktisi Pendidikan Anak Usia Dini, Guru , Blogger, Ghost Writer, Founder MSFQ

Praktisi Pendidikan Anak Usia Dini , Guru, Blogger, Ghost Writer, Founder MSFQ

Selanjutnya

Tutup

Bahasa Pilihan

Salam Sampurasun Pikeun Pangeling Virus Corona di Purwakarta Istimewa

11 April 2020   08:31 Diperbarui: 11 April 2020   08:40 1277
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Salam Sampurasun / Foto : dokpri Hana Marita Sofianti

Naon Hubunganana Salam Sampurasun Jeung Virus Corona?

Tah danget ieu jelas aya hubungan nana, anu pastina pikeun nyegah jeung mepeling ka satiap jalma anu kapaksa kudu ngantor jeung kudu papanggih jeung papada manusa di tempat pagawean nana. Daek teu daek ma enya kudu patempel-tempel leungeun? Pan ulah wara cenah oge ceuk dunungan urang nyatana bapak - bapak pajabat pamarentahan. Wayahna kudu nurut hela mah saeutik jeung sakeudeung mah. Hehehe

Cara Salam Sampurasun Bukti Kolot Baheula Jarang Aya Anu Gering

Memang bener tah buktina entong-entong gering, ngawuluku sawah ge kolot mah kot kuat sapoe sapeuting geura mun budak ayeuna mah moal teu gering ngajongkeng? Jadi tong kanu gelo wae anu teu keuna ku Corona majarkeun teh, da jorok atuh nugelo mah, piraku kolot di sebut gelo, Hush! Pamali!

Asa can ngadenge kolot baheula garering ripuh siga ayeuna komo aya virus sagala, merenan baheula ge aya ngan teu arapaleun ngarana naon. Tah ku kituna da cara - cara tradisional teh teu sakabehna di tilai jeung di anggap kuno, buktina kiwari di zaman modern bisa kapake salam Sampurasun pikeun nyegah salah sahijina ku cara eta, anu sopan jeung teu nyinggung daripada sasalaman ku suku sok geura? Hahaha

Salian ti eta kolot baheula mah ararapik dinu kadaharan, dinu sagala rupana, rek metik dangdaunan ge mipit kudu amit ngala kudu menta heula tea geningan, teu padu coplokeun wae, aya tata krama, aya babasa, aya tata titina heula.

Lamun urang salaku anu ngawarisan teu apal eta kabeh kacida weh nya, da maksudna mah hayang nyokot anu positipna weh piceun anu gorengna mah.

Foto dokpri Hana Marita Sofianti
Foto dokpri Hana Marita Sofianti

Cara - cara Nyegah Supaya Teu Keuna Ku Virus Corona

1. Ngajagaan Jarak, Pajauh-jauh heula atawa Pajauh huma

Cenah ceuk bahasa gaulna mah Social Distancing, ceuk Sunda na mah Pajauh - jauh, pajauh huma (pasti anu sok pasea mah inget tah bahasa kolot, ulah pasea bisi pajauh huma cenah 😁) tah lamun inget pake eta ameh ulah padeukeut heula samentara ayeuna mah.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
Mohon tunggu...

Lihat Konten Bahasa Selengkapnya
Lihat Bahasa Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun