6. Digawe di imah
Anu nyawah kumaha? Ah da sawah geus langka di dieu mah, nya sok weh anu boga sawah mah geura nyawah ngan meureun wayahna sameter satengah ulah adek jeung baturna anu nyawah oge. Ma enya atuh anu nyawah onlen? Wkwkwkwk
7. Pusatkeun pamikiran anu positip atawa anu hade
Pikiran anu garoroeng piceunan, ganti ku anu aralus anu hade anu positip ameh kaayaan awak urang teu lemah, ameh urang sehat, jagjag waringkas, cageur, bageur, bener tur siger.
Lamun ceuk peribahasana mah asupkeun aura positip kaluarkeun aura negatip, sing di aping di jaring di jaga di riksa, sing dijauhkeun tinu balai, wabah panyakit jeung sajabana, sing di babarikeun milik rezekina, sing di panjangkeun umurna. Tah kitu meureunan nya.
Salam Sampurasun.
Sumber:
wikipedia.org
kompas.com
wikipedia.org