Basa ditanya ku naon toh-tohan daek ngawayang, bari waragad meunang sorangan, teu aya nu nyeponsoran? Ki Dumang teu ngawaler. Laju ditanya deui, kapan nyewa sound, gamelan, muruhan nayaga, sinden jeung sapuratina jumlah-jamleh pasti leuwih ti dalapanjuta, ari gajih anjeun mun dikumpulkeun jero sataun ge moal leuwih ti sakitu lin? Ki Dumang tetep ngabetem. Na teu ngarasa rugi kitu? Ki Dumang angger nagen.
Tapi sanggeus disaleukseuk mah antukna Ki Dumang teh balaka. "Kuring ngagelar wayang lantaran kuring nyaah ka Sunda". Ngan sakitu-kituna.
*Artikel di atas karya Djasepudin, guru SMA Negeri 1 Cibinong. Naskah tersebut sempat dimuat di majalah bahasa Sunda "Mangle".