Mohon tunggu...
Ceu Tri
Ceu Tri Mohon Tunggu... -

simpleharmonicequal i'm a psikolog klasik :) MOVE on YoungWomen'ssundanese http://dlania.com

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Pepeling kolot

17 November 2010   16:30 Diperbarui: 26 Juni 2015   11:32 1376
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Humaniora. Sumber ilustrasi: PEXELS/San Fermin Pamplona

Ngitung waktu ti menit ka menit, ti poe ka poe, teu karasa anaking, umur mamah tos panjeug 60 tahun.

Di mana umur eta keur kahirupan mamah, geus lumayan loba liku-liku nu karasa, suka duka, manis patina eta kahirupan. Anaking …. Sakabeuh anak mamah, sateuacana di pungkas umur mamah ku nu Maha Agung, di ala ku nu Maha Kawasa.. peupeujeuh Mamah rek mere pepeling ka aranjeun nu opatan.

Keur hideup anak Mamah anu cikal,

"Atep anu ku mamah dipikameulang, kahade hideup kudu jadi lanceuk anu gede kabijaksanaanana kanu jadi adi-adi hideup anu tilu. Sing jadi panutan keur adi-adi, supaya di mana Mamah Papah tos teu aya anjeun jadi gaganti nu jadi Indung jeung Bapak, kalayan anjeun sing ngarti kana sifat-sifatna adi-adi hideup sakabeuh, sing tiasa jadi penyalindungan di mana adi-adi merlukeun bimbingan jeung panyalindungan. Mamah percaya ka Atep, pasti Ateup bias ngarti jeung bijaksana. Lamun aya teu ka panujuan, atawa aya masalah anu teu sapagodos jeung hate, musyarawahkeun supaya ngahasilkeun kaputusan anu ngeunah keur sarerea. Mamah ngaharapkeun hirup aranjeun runtut raut repeh rapih saling hargaan antara adi jeung lanceuk. "

Anak mamah kadua, Iyang…
"Mamah sok ingeut ku sifatna anu loba banyol jeung ngaheureuyan di mana Mamah keur sedih. Iyang anak Mamah anu bageur, hideup ditakdirkeun jadi anak anu kadua, jadi anjeun mah boga tanggung jawab ka lanceuk jeung ka adi. Mamah sarua wae pepeling ka Anjeun, sing bisa ngigeulanana kanu jadi lanceuk, hormat ku urang salaku  adi, oge anjeun kudu bias bijaksana jeung ngalindungi ka adi-adi anjeun, awewe anu dua. Mamah percaya pasti Iyang tiasa nedunan kahoyong Mamah. Prak Iyang sing janten jalmi anu ageing manfaatna keur Iyang pribadi jeung keur dulur sarerea. "

Ceu-ceu anak Mamah anu katilu.

"Anu energik kalayan sederhana, emut ceu2 putra istri anu ngawitan. Sing janten indung di kulawarga. Ceu-ceu sing bisa jadi gaganti mamah keur ka lanceuk jeung keur ka adi. Mamah bagja, Mamah bangga gaduh ceu2 anu sakitu perhatianana, boh ka Mamah ka papah, lanceuk oge ka nu jadi adi. Mamah sok sedih campur bungah tina perjuangan ceu2 harita. Di mana Mamah waktu harita keur meumeujeuhna perlu biaya keur ngalaksanakeun parentah Allah nu jadi adi, ibadah bade rarabi boga salaki, nya ti ceu2 pisan Mamah ngarasa ditulungan jeung dibantu secara materi. Hatur nuhun mudah-mudahan Allah ngabales kasaean ceu2. Ceu2 sing langkung lantif jeung hormat ka nu jadi lanceuk margi anjeun anaking gaduh lanceuk dua laki-laki. Prak ku ceu2 geura jadikeun aranjeuna gaganti papah. Atuh ka adi anu bungsu, ceu2 sing langkung nyaah sareng ngalindungi. Sing janten Ibu gaganti anu jadi indung."

kanggo neng Ii nu imut-imut.

"Mamah moal seuuer pepeling ka hideup, Cuma prak anteur kahayang nu jadi lanceuk anu tiluan. Kalayan tembongkeun hormat, sopan, hade hate kanu jadi lanceuk. Oge neng ii ulah hilap, sing bakti kanu jadi salaki, sabab surga anjeun ayana di salaki. Sakitu pepeling ti mamah. Muga-muga aranjeun bias ngalakonan kahirupan kalayan aya dina ridho Allah jeung Rahmat Allah salilana ngocor keur aranjeun. Aaamiin"

Mamah.

Cilimus, 24 Januari 2010

Hj. Euis Maryati

Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun