Mohon tunggu...
Kang Warsa
Kang Warsa Mohon Tunggu... Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan. Non Nobis Solum Nati Sumus

Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan. Non Nobis Solum Nati Sumus

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Carpon Lebaran: Tangkal Kersen

24 Agustus 2011   15:43 Diperbarui: 26 Juni 2015   02:30 305
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

SDN Cikembung geus mimiti peré. Biasana wanci pecat sawed meujeuhna ramé jeung haneuteun, ayeuna mah meni jempling. Biasana barudak sakola silih udag di buruan, ayeuna mah anu aya ngan tihang bandéra ngadon ngajejentul sorangan kapanasan ku srangéngé usum katiga. Wangunan sakola sok sanajan henteu weweg-weweg teuing keur ukuran urang Cikembung mah katénjo siga Arjuna tumpak délman, gagah meureun. Buruan sakola ngahaja di sisi-sisina dipelakan sarupaning tutuwuhan mangrupa kekembangan, Beulah wétaneun mah malah dipelakan ku jahé, konéng, cikur, laja. Jeung réa-réanan deui. Tangkal kérsen mah geus puguh ti taun 1960 ogé geus aya, ngahaja teu dituar, ti sagigireun sok dipaké ngiuhan, ogé éta tangkal kérsen téh mangrupa tangkal panineungan. Da enya atuh, geus jadi sabiwir hiji keur urang Cikembung mah, lamun ras inget ka alam anu geus ka sorang anu pangheulana disebut geus pasti tangkal kérsen.

Dina éta tangkal, pinuh ku seratan-seratan, aya ku cara ditoréh ku péso, ditulis ku pulpén jeung spidol, ogé aya anu diseratan ku typ-éx. Mani geus padeudeut-deudeut seratan téh. Aya seratan “ Omay dan Anah cinta abadi”, “ Adul Love Ani”, “ Tong Curat-coret dina tangkal kérsen, Kéhéd!”, jeung réa-réana deui, rupa-rupa basa ti mimiti anu pangkasarna nepi ka anu pang lemesna. Sakola geus boga niat rék nutupan éta rupa-rupa seratan, da asa teu pantes di lembaga pendidikan aya tangkal kérsen anu dipinuhan ku seratan-seratan samodél kitu. Ngan, kumaha carana nutupanna atuh? Dicét geus pasti paéh éta tangkal, ditutupan ku séng jadi leungit karya seni na, meureun sakola bakal jadi pamoyokan barudak, majar ceunah, moal enya kérsen dicalanaan ku séng. Dikawatan, karunya ka barudak moal bisa tétérékélan naék ngala buahna, komo lamun disisit mah kulitna, meureun sarua baé jeung nyiksa tangkal kérsen.

Pa Udin Karnudin sabenerna sapamikiran jeung guru-guru anu séjén, teu kudu dipikiran ceunah tangkal kérsen mah, anu penting ayeuna mah kumaha carana sakola bisa ngaronjatkeun atikan ka anu jadi murid. Sapamedagan lain hartina satuju lamun éta tangkal kérsen diantep kitu baé. Inggis dina hiji waktu ka SDN Cikembung aya Juragan Penilik datang, kari-kari di éta sakola ku Juragan Penilik katénjoeun aya tangkal kérsen anu dipinuhan ku seratan-seratan teu pararuguh. Hal ieu pisan anu jadi lantaran huléng jentulna Pa Udin Karnudin salaku Kapala Sakola SDN Cikembung méh unggal poé. Padahal lebaran sakedeung deui.

“ Kira-kira cek pikiran manéh éta tangkal kérsen téh kudu dikumahakeun Atang?” Pa Udin nanya ka Guru Atang. Leungeunna ngusap tarang. Di Sakola harita téh ngan aya maranéhna duaan.

“ Ari émutan abdi mah, langkung saé dituar.” Cek Guru Atang tandes.

“ Di tuar?”

“ Leres, teras gentos ku tangkal kérsen anu énggal. Teu kedah seuseur émutan sagala atuh Pa Udin, ieu mah perkawin céték…!”

“ Na aya kitu anu ngajualan tangkal kérsen di urang?”

“ Ah, pilarian baé atuh Pa… tuh di Jalan Pasundan apan ngéntép tukang dagang kekembangan, upami di dinya teu aya, yu urang pilarian ka mana ogé, sugan baé aya anu gaduheun tangkal kérsen, teras urang galeuh, urang rabut, pelakkeun deui di ieu sakola.” Guru Atang ngagampangkeun.

“ Lamun euweuh anu ngajual tangkal kérsen?”

“ Atuh gampil, gentos ku tangkal naon baé, ku kadongdong, jati, jambu batu, asal sanés ku tangkal cau wé, Pa.”

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
  6. 6
  7. 7
Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun