Taman Wisata Air Cicangkang Hilir ayana di pertigaan Jalan Cijambe, Dsa Cicangkang Hilir, Kacamatan Cipongkor, Kabupaten Bandung Barat. Â Taman wisata ieu kawilang anyar sabab kakara dibuka dina taun 2021. Taman cai cikangkang hilir ieu mangrupa obyek wisata anu ngamanfaatkeun potensi alam ngaliwatan panineungan pamarentah desa cikangkang hilir sarta dibantuan ku wargana.
Taman wisata ieu buka unggal dinten sareng buka ti 06.00 dugi ka 17.00. Â di tempat wisata ieu, pengunjung bisa ngarasakeun pintonan cai nu lega, nu datang og bisa ngurilingan danau ku nak parahu bebek gowes.
Di ieu tempat pengelola og nyadiakeun rupa-rupa wahana anu bisa dinikmati ku smah. Â Taman wisata ieu og dilengkepan ku wahana anu bisa dinikmati ku barudak nepi ka dwasa, mimitian ti parahu bebek gowes, motor mini cross, tunggangan Flying Fox, panjat tebing, motor ATV jeung sajabana.
Di hilir taman cai Cikangkang og dilengkepan ku fasilitas berupa kios-kios anu ngajual rupa-rupa jajanan, aula, nepi ka tempat-tempat anu instagramable.
Pikeun asup ka wewengkon taman cai Cicangkang hilir, pengunjung ngan kudu mayar waragad Rp. 5000. tapi mun nu datang hayang naek wahana atawa dahar di warung, nu datang kudu mayar sorangan tapi ulah hariwang sabab hargana cukup kajangkau.
Seueur warga lokal bahkan ti luar daerah nganjang pikeun ngarasakeun pesona wisata cai ieu. Taman wisata ieu seueur didatangan nalika liburan, khususna dinten Minggu anu seueur didatangan ku barudak dewasa anu og nganjang bari jogging.
Saur simkuring, inovasi jeung kratipitas anu dilaksanakeun ku pamarntah Dsa Cicangkang hilir katut wargana pantes dijadikeun conto pikeun pamarntah dsa sjnna di KBB.
Simkuring oge warga cicangkang hilir reueus kana pamarentah desa cicangkang hilir oge masyarakat sabudereunana anu mampuh ngarubah potensi walungan janten tempat wisata anu ramah keluarga sareng menarik kanggo didatangan, aranjeunna tiasa kolaborasi ngamangpaatkeun potensi wewengkon anu rk dikembangkeun sangkan nambahan panghasilan dsa. Â Mudah-mudahan taman cai cicangkang girang ieu tiasa langkung maju tibatan ayeuna sareng tiasa ningkatkeun perekonomian desa anu langkung sa.
Penulis: Pahmi Abdul Aziz