Mohon tunggu...
KOMENTAR
Sosbud

Cipika Cipiki

22 April 2021   06:50 Diperbarui: 22 April 2021   06:57 184 2
*Cipika Cipiki*

Sawatara bulan ka tukang, kuring menang ondangan ti salah saurang langganan toko kuring, urang lembur Palumbungan, Ciawi ka tonggoh.
Poe minggu, tabuh 7 isuk, kuring mios ti Tasik, ngajugjug eta lembur make pick up Mitsubishi T120SS. Eta mah teu sirikna kawas dina lagu barudak  "Naik, naik ke puncak gunung". Saeunggeus hiji gunung naek deui gunung menang sabaraha  kali. Ahirna kuring nepi ka tempat pesta.

Geus seueur tamu nu ngantri sasalaman jeung panganten, Bapak Haji Katut Ibu Haji . Pas bagian kuring sasalaman, Pak Haji narik leungeun kuring tuluy ngarangkul cipika cipiki meureun bawaning ku bungah aya urang Tionghoa daek datang ka pesta urang gunung. Bagian sasalaman ka Ibu haji Kuring bingung mikirkeun pilampaheun naha kudu cipika cipiki ka anjeuna.

_*Ibu haji  salirana jangkung lenjang, sampulur. Pameunteu marahmay manis, biwir ambucuy matak gereget anu ningali.*_

Kuring jeung anjeuna papelong- pelong bari ngahuleng jentul. _Ngan sajorelat paroman robah pias jiga anu reuwas. Tetela anjeuna surti kana pamikiran kuring_. Atuh kuring sadar, ngasongkeun leungeun sasalaman ka Ibu Haji bari tuluy ngaleos ka meja prasmanan. Dina jero hate kuring ngomong:

_"Nun Gusti abdi salamet, ampir wae milampah nu teu uni anu matak guyur salelembur ear sanagara"_.

( nu puguh mah kahayangna ............ ha haha)

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun