Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi Pilihan

Sajak Sunda: Geus Lawas

28 Oktober 2021   05:07 Diperbarui: 28 Oktober 2021   05:11 718 2
Geus Lawas
Kang Yoga

Nu lawas kari waasna
Hat gumeter
Nyawang alam katukang

Saban renghap
Kuring nyawang
Gupay-gupay
Ngayang teu kabilang

Geus laas teuing ku lawas
Gula anggang jeung peueutna
Boa kembang ngan panineungan
Daun muguran
Lebah mumunggang sukma

Kinanti marengan diri
Asmarandana mawa carita
Raga teu kumawasa
Lumengis batin
Awaking

Purwakarta,28102021.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun