Mohon tunggu...
Erni Wardhani
Erni Wardhani Mohon Tunggu... Guru - Guru, penulis konten kreator (Youtube, Tiktok), EO

Guru SMKN I Cianjur, Tiktok, Youtube, Facebook: Erni Wardhani Instagram: Erni Berkata dan Erni Wardhani. Selain itu, saya adalah seorang EO, Koordinator diklat kepala perpustakaan se-Indonesia, sekretaris bidang pendidikan Jabar Bergerak Provinsi, Pengurus Komunitas Pengajar Penulis Jawa Barat, Pengurus Komunitas Pegiat Literasi Jawa Barat, Pengurus IGI kabupaten Cianjur, sekretaris Forum Kabupaten Cianjur Sehat, Founder Indonesia Berbagi, Tim pengembang Pendidikan Kantor Cabang Dinas Pendidikan Wilayah VI Provinsi Jawa Barat, Humas KPAID Kabupaten Cianjur.

Selanjutnya

Tutup

Inovasi

Antara Kacang Rebus dan Persib Bandung Keok

5 Maret 2017   20:52 Diperbarui: 6 Maret 2017   06:00 630
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Media. Sumber ilustrasi: PIXABAY/Free-photos

Sigana tegep lamun peuting ayeuna ngulub suuk. Meumpeung aya keneh suuk atah pamèrè Ma Èsnah anu keur panèn. Lumayan mèrènatèh, sapipiti metung., sigana sapiring belingeun leuwih. Geuwat Ceu Entin cengkat, terus mawa pipiti eusi suuk atah tèa. Keur jongjon jongjona ngumbah suuk, ceuleungkeung salakina nyalukan. "Tiiiin, kaos biru Akang di mana?"" Biru anu mana, ari Akang...apanan sababaraha hiji anu warna birutèh,kaos biru hadiah ti oskadon, atawa nu mana?" Tèmbal Ceu Entin sabari terus ngupyak.  "Etaaa kaos bobotoooh...apanan keudeung deui maèn..." Ceuk Mang Endut mimiti geumpeur. "Ahhh...paribasa ari nanaonteh...sok dudak dadak..  nu ayaaa wèè atuh, da angger mesing teu makè kaos pèrsib gè, bakal dianggap bobotoh kènèh." Tapi asa kurang kumahaaa kituuuu...siga ngopi teu udud...kurang mantep""Laaahhh....sok wè atuh tèang, kang..." Saenggeus ngumbah suuk,  Ceu Entin ngahurungkeun kompor.tuluy nagenkeun panci butut anu dieusian ku cai tilu parapatna, brus suuk atah meunang ngumbah digebruskeun na panci, sabari babacaan, sok inggis ngabeledug, sieun aya bom man. Cenah jaman ayeunamah panci teh sok aya bom man. Malahanmah, cenah mun meuli panciteh ayeunamah kudu menta ijin ka kepolisian heula.  Geus bèrèsmah, terus nyampeurkeun salakina anu masih keneh pabuis nèangan kaos Pèrsib.  "Hih...ari itu naon, Kang...sakitu ngajugrug payuneun soca Akang anu cureuleuk...." Ceu Entin nunjuk ka juru lomari dèngdèkna. Kaos bahan tessa warna biru nyempod ngahodhod.Duduuuut, Mang Endut ngadudut, rusuh. Atuh buruduuuuul baju nu lainna ngaburudul kadudut. Mang Endut reuwas, lieuk ngalieuk ka pamajikanana sabari seuri konèng. Konèng kolot. "Baku si Akangmah  ari geus ngaburudulkeun bajutèh, ah....." Ceu Entin baeud. "Amal sholeh, Tin....sok atuh gera pèrènan...." Ceuk Mang Endut sabari ngasupkeun kaos pèrsib tèa kana awakna. Asup asupnamah, ngan palebah beuteung rada opsèt. Ceu Entin teu loba omong. Geuwat pakèantèh ditilep saperluna. Bus....bus...diabuskeun kanu lomari. Geus bèrèsmah, geuwat awakna ngadeukeutan si Emus. Ngagolèr gigireunana.  "Kang....mihapè kukuluban, bisi saat....asa hayang ngerelep heula, nyeri cangkèng..." Ceu Entin ngagorowok ngarah kadèngèun ku salakina. "Siapppp...!!!" Tèmbal Mang Endut. Ceu entin kahudangkeun alatan loba anu gogorowokan diimahna, sabari akey akeyan. Geuwat manèhna cengkat sabari ngais si Emus anu milu nyaring. Kasampak di tengah imah loba pisan jelema. Antara sadar jeung henteu, manehna ngitung semah, aya genepan. Akey akeyan sabari cocorowokan.  "Gooooooollllll....!!!!""Ah.....gagalllll....""Aduhhhhh wasit gèlooooo...!!!""Ahhhhh Si Atèp dirèngkasss euyyyy...licikkkk...!!" Ceuli Ceu Entin rawing loba dèdèngèan. Panonna molotot pas ningali mèja ruang tamu acak acakan pinuh ku gelas kotor, asbak, jeung....aduhhhhh cangkang kulub suuk gè mani ngahunyud kitu.....boa boa bèak.... Gidig Ceu Entin ngagidig ka dapur rèk mastikeun kulub suuk bèak henteuna. Panci masih kènèh nagen anggun luhureun kompor. Masih kènèh aya turuban. Aya kènèh pangharepan. Lalaunan turub panci dibuka....leketeyyyy hatèna ngaleketey, pas ningali eusi panci ngan saukur kuah coklat. Reyyyy beungeutna beureum. Panas, nahan ambek. Napsu. Kahayangmah ngalung ngalungkeun sakabèh anu nyangsang na pago. Ngan lebar.  Awakna leuleus lir dipupul bayu. Gèk manehna diuk na korsi dapur, anu deukeut pago. Didinya kaciri sèmah anu aya di rohangan tamu. Katingali Kang Èka jeung Kang Andri ceuceuleukeuteukan, leungeunna lincah nyokot kulub suuk,tuluy nyetrok...lung cangkangna dialungkeun kanu asbak. Kitu oge  Kang Ojo jeung kang Agus, mani serius lalajo maenbalnateh. Kang Asepmah salian ti lalajo maenbal teh, leungeunna pabuis jeung henpon. Teuing keur smsan jeung saha. Salakina katempo asik nempo tipi, leungeunna nyekelan gelas eusi kopi, satengahna deui. Kabèh marakè kaos bobotoh. Karompak.  Si Emus ceurik. Kulantaran ku Ceu Entin ngahaja teu dibangbrangkeun, ceurikna beuki tarik. Ngaleuwihan sora anu di tengah imah. Mang Endut cengkat. Terus nyampeurkeun. "Naaa....kunaon nyanèhtèh, sarmus....asa ku ogo ogo teuing...pan bapa keur lalajo mèngbal....!!" "Hayangeun suuk, si Emusmah..." Tembal Ceu Entin gemes. "Tuuuuhhhh, ku kami minggeus dipisahkeun...ngahaja jang si Emus...dinu boboko leutik, ditutupan ku piring sèng...."Lèos manèhna ka lebah boboko anu ditutupan piring sèng, diteundeun deukeut tèrmos beureum gambar kembang eros mangkak.  "Yeuhhhh...." Mang Endut ngasongkeun kulub suuk.   Ceu Entin narima piring sèng konèng, pelat hèjo gigirna. Karasa rada haneut kènèh. Teu lila, eusi piring hideng pindah kana beuteungna. Si Emus ngilu anteng. Di tengah imah beuki ngaguruh kulantaran posisi robah. Persib 2-Bornèo 1. Si Atèp jadi pahlawan lapangan hejo pikeun Pèrsib. Teu sadar cangkang suuk diawur awur ku Kang Andri. Kang Asèp milu maceuh. Ceu Entin kapancing. Berebet lumpat ngadeukeutan tipi sabari ngilu surak sabari ijrag ijragan. Keur ramè ramè der woterbrik. Jaba iklan loba. Ceu Entin ngado'a, susuganan meunang 3-1. Jadi moal kungsi perpanjangan waktu. Ternyata doa Ceu Entin kurang mujarab, sigana kulantaran negatip tingking ka salakina. Ahirna Persib Keok.     

Mohon tunggu...

Lihat Konten Inovasi Selengkapnya
Lihat Inovasi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun