Mohon tunggu...
Kompasiana Cibinong
Kompasiana Cibinong Mohon Tunggu... Guru - Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Selanjutnya

Tutup

Sosbud

Lima Ayat Kongres Basa Sunda Teu Karasa Aweuhanana

17 September 2019   07:32 Diperbarui: 17 September 2019   07:47 19
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
(foto: Disparbud Jabar)

 

 

Ti mameh jaman kamerdekaan tepi ka jaman reformasi Kongres Basa Sunda (KBS) saeutikna geus opat belas kali dilaksanakeun. Tapi, ti taun ka taun kongres teh bangun nu langleuyeusan alias kurang aweuhanana, teu karasa obyagna.

Padahal, ahli kasundaan saban taun terus ngarekahan. Boh produk sakolaan boh nu motekar sosoranganan. Rojongan waragad oge kapan ayeuna mah tos disayagakeun ku pamarentah jeung swasta. Malah, sababaraha media cetak jeung elektronik nu aya di Bandung oge rea nu ilubiung.

Tapi, naha KBS IX pertengahan Juli 2011  bangun nu kurang handaruan. Tangtu bae jawaban nu jinek, gemet, tur imeut mah kudu ngayakeun panalungtikan heula. Geus ditalungtik teh kudu dibadamikeun pikeun mutuskeun kacindekan.  

Minangka salah saurang warga Bogor, nu kabeneran seke seler Sunda keneh, aya lima ayat nu, jero pikir, asana merenah pikeun dilenyepan ku rengrengan Panitia KBS IX, pangurus LBSS, jeung urang Disparbud Jabar.

Kahiji, KBS teh kurang sosialiasi. Warta baris lumangsungna kongres teh kuring mireng ti bulan Juni 2011. Tapi, waktu nanyakeun ka sajumlahing aktivis kasundaan jeung wartawan loba nu teu engeuheun. Malah, sobat Kang Karno nu jadi salah sahiji redaktur koran kawentar di Bandung oge teu apaleun bakal aya KBS di Bogor.

Sangkilang di Bandung, komo deui warga di luareun Bandung mah. Malah, bakat ku ngajenghok jeung kawas nu kurang pede salah saurang warga sakaligus redaktur media di Bogor ngajawabna teh bangun nu nyinyir. Cenahna og, "paling oge ngan katempatan wungkul, ari panitiana mah ti Bandung kabeh."        

Kadua, kurang ngalemah alias tidak membumi. KBS teh  lumangsung di Cipayung, Cisarua, Bogor, 11-13 Juli 2011. Tapi, tepi ka tulisan ieu digurat, Saptu, 2 Juli 2011, loba warga Bogor nu teu engeuheun kana ayana kongres. Boroning warga Jonggol di tungtung wetan Kabupaten Bogor, atawa warga Jasinga di tungtung kulon Kabupaten Bogor, warga di budeureun Cisarua oge loba nu teu apaleun ayana kongres. Padahal, aranjeunna teh dina sapopoena ngagunakeun basa Sunda. Najan lain basa Sunda cara urang Bandung.  

Eta kahengker teh saeutikna bisa diungkulan upama Panitia KBS daek umajak ka sakumna pihak nu aya di Bogor kalayan jembar bari pinuh ku kasadaran.  Upama daek umajak mah moal ieuh aya kalimah "paling oge ngan katempatan wungkul, ari panitiana mah ti Bandung."

Katilu, Bandung teuing. Minangka Ibukota Jawa Barat, Bandung jadi puseur sakumna kagiatan dina sadaya widang. Rupaning kagiatan di Jabar umuma diwewegan ku urang atawa aktivis Bandung. Masarakat di daerah mah ngan diajak minangka panyocok doang. Hal eta kacida atra karasa dina KBS taun ayeuna.

Lain wae kapanitian, nu ngiluan, nu ngisi acarana oge umumna urang Bandung. Bangunna teh nu palinter jeung pangpadulina kana basa Sunda teh ngan sabandung-bandungna. Dina ieu tataran aranjeunna ngalarapkeun praktek superior ngalawan nu inferior.

Minangka salah sahiji buktina, salah sahiji majalah basa Sunda pedalan Bogor nu geus 17 kali medal ku panitia KBS, Disparbud, jeung LBSS teu diajenan pisan. Teu ditanya teh enyaan. Boroning jadi panyatur, diulem jadi pamilon (nu ngiluan) oge hanteu. Padahal, salah saurang redakturna sakaligus pamingpinna, Hendra M Astari, kacida merenahna pikeun dijadikeun panyatur ngeunaan kamekaran basa jeung sastra Sunda di Bogor. Ari sabab, anjeunna mah ancrub langsung ka masarakat. Gaul jeung guru basa Sunda di kab./kota Bogor, tatanya ka nu dianggap rada ngarti, sarta hal eta teh dipikir jeung ditamperkeun dina wangun tulisan.

Upama Panitia KBS atawa awak-awak Disparbud jeung LBSS teu nyaho kana majalah Balebat, upamana, kacida teuing. Sabab, eta majalah teh lain bae sumebar di Bogor, tapi nepi oge Jakarta, Sukabumi, Bandung, jeung Jatinangor. Malah, di jagat maya oge Balebat mah gandang midang. Antukna, nalika awak majalah Balebat teu diaubkeun atawa teu diondang-ondang acan leuwih ti kacida teuing.

Kaopat, teu miduli. Kamandang ti sababaraha warga Jabar kana kurang aweuhanana KBS teh teu buru-buru diteangan lajuninglakuna. Sabab, najan saeutik bae kamandang ti warga Jabar kuduna mah geuwat dievaluasi, nyiar solusi, jeung ngayakeun antisipasi. Ieu mah pan hanteu, hare-hare bae. Kumaha karep pisan.

Kalima, asal aya. Sakanyaho, KBS IX ngan nyumponan proyek lima taunan. Ku kitu teh dina ngagarapna bangun nu sahinasna. Antukna, kuring sapamadegan jeung kamandang  Ajip Rosidi dina taun 2005 di majalah Mangle jeng koran Pikiran Rakyat yen, KBS ngan proyek ngahambur-hambur duit rahayat, leuwih hade ta duit th digunakeun pikeun kapentingan langsung rahayat nu leuwih rea gunana.

Nutup ieu artikel, bet ras kana kamandang Hawe Setiawan dina taun 2005 cenahna oge, sajumlahing rekomendasi nu dihasilkeun (KBS) dina seuhseuhanana mah ngan mangrupa usulan, umajak, atawa pangwadi doang. Taya hiji oge rekomendasi mangrupa program kerja nu bakal dilaksanakeun LBSS. Naha enya kitu? Mugia bae taun ieu mah teu kitu, nya.

Nu eces, bagea sumping di tatar Bogor, wilujeng kongres para Juragan.

Bogor, Juli 2011.

Naskah di atas sempat dimuat di majalah Mangle.

Djasepudin, guru SMA Negeri 1 Cibinong, Bogor.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Sosbud Selengkapnya
Lihat Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun