Mohon tunggu...
bola bundar
bola bundar Mohon Tunggu... -

Menendang bola bola kehidupan

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Carita Sunda: Rasa Nu Nyamuni

8 November 2012   02:07 Diperbarui: 24 Juni 2015   21:47 113
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

"Geulis nya."
"Saha tea?"
"Itu nu buukna pondok. Titatadi sigana paneuteup akang teh napel we ka manehna."
Kuring neuteup, manehna nyerengeh. Tetep misteri. Teu kabaca, naon nu aya dina pikirana. Matak putus asa. Asa cape ngadadago isarat nu jelas.
"Jung atuh caketan."
Kuring masih mencrong, manehna tetap imut. Naha timburu? Atawa nghucuhkeun saenyana?
Heni, Heni. Bener-bener lindeuk japati. Mindeng siga nu mere angin, are pek di tewak bet ngajauhan. Weleh teu apal, kumaha persaaan manehna ka kuring.
Heni teh sobat heubeul. Babarengan ti mimiti SMA, kuliah, terus ayeuna gawe oge di tempat sarua. Deukeut leuwih ti ka dulur. Kuring wani tumbrak-tembrak sagala hal ka manehna. Itu oge nya kitu, salawasna ngabagi pasualan hirupna.
Tapi soal persaan, tetep walohualam.
"Euh, kaburu disamber batur tuh."
Kuring ngareret. Enya we sa rambut pondok teh keur anteng ngobrol jeung Kang Maman. Lapur. Kang Maman mah kapan geus kakoncara, raja asmara. Awewe nu dihelaran ku manehna, langka nu bisa nolak. Maklum dedeg sampe, rupa hade, tur dunya barana oge teu kurang-kurang.
"Wah, patah hati deui yeuh," kuring nyerengeh ka manehna.
"Yeh, patah hati nanahaon. Ngadeukeutan ge encan, piraku langsung patah hati.
Emang bener jatuh cinta?"
"Har tadi pan saur Heni kitu. Can't take my eye off her. He he he."
Dikitukeun teh manehna kalah neuteup serius pisan.
"Ih, pameget mah gampil pisan jatuh cinta nya."
Kuring seuri.
"Nya, teu nanaon atuh. Dari pada ngantosan nu teu jelas..."
Manehna langsung nyureng. "Maksanda?"
"Ah, henteu," tembah teh bari ngabaliuer.
Karasa paneuteupna masih manco.
"Memang saha nu diantosan tapi teu jelas teh?"
Kuring ngareret. Bener we manehna masih keneh neuteup seukeut.
"Jodo," tembal teh bari ngebelenyeh. Manehna langsung miceun teuteup.
"Dupi Heni kumaha?"
"Naon tea?" pokna semu apilain.
"Jodo?"
"Ah, engke ge dugi nyalira. Keur naon dipikiran."
Jep obrolan teh putus. Kaayaan di kantin beuki rame. Pagawe pacampur jeung calon pagawe nu rek dalaptar.
Kang Maman tembong beuki galeckrok ngobrol jeung si rambut pondok teh. Sigana salah sahiji calon pagawe anyar si rambut pondok teh, da asa karek panggih.
Geulis. Nyongcolang tinu sejen.
Tapi lain lantaran geulisna kuring titatadi nyerangkeun manehna teh. Asa kungsi panggih, tapi lebeng teu inget dimana.
"Asa pernah paamprok."
"Saha tea?" Heni ngalieuk.
"Si rambut pondok."
"Dimana? Dina impian?"
Kuring neuteup seukeut, manehna ngabalieur. Hayang pisan sikep Heni eta the jadi gambaran tina rasa timburuna. Tapi, ah da mindeng kitu, mindeng pisan kuring miharep, mindeng oge kuciwa ahirna.
Tapi, terus terang can kungsi wani betus. Persaan kuring ka manehna ukur disidem jeroeun hate. Inggis ditolak. Asa teu kuat nadangan akibatna.(*)

Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun