Mohon tunggu...
Kang Agus
Kang Agus Mohon Tunggu... -

asli bandung .. akang mah kalem.

Selanjutnya

Tutup

Humor

Humor Sunda : Atang jeung Uce (2)

13 Oktober 2013   16:26 Diperbarui: 24 Juni 2015   06:35 253
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Humor. Sumber ilustrasi: PEXELS/Gratisography

Kacaritakeun tadi peuting, Atang jeung Uce malem mingguan naek angkot rek apel  kabogohna masing-masing. Ditengah jalan , hiji awewe geulis naek bari rib-rib kubarang bawa.

“bade kamana,neng, meni kokomoan cacandakan teh?” tanya Uce sok akrab.

“nyeta kang, abdi teh pan gaduh warung .Tos biasa balanjana sok wengi. Sakieu mah sakedik .Biasana mah 2 karung langkung “ tembal eta awewe bari rada ngarahuh.

“nya’ah teuing atuh. Ari caroge aya?” tanya Uce panasaran

“aya di bumi. Tadi mah nuju nonton bola. Sok teu tiasa diganggu” jawabna

“mun seug eneng pamajikan akang, moal teuing dijieun ripuh kieu” ceuk Uce siga nu nya’ah.

“na kitu, mun abdi jadi pamajikan akang, abdi bade dikumaha?” tanya si eneng panasaran.

“ ku akang mah moal dititah nanaon. Cukup cicing we di kamar..” jawab Uce

“yey.. bade naon atuh di kamar wae oge. Ari teu aya damel mah,karesel mereun” si eneng seuri koneng pikiran na mulai kanu lain-lain.

“tangtos aya damel mah.tapi teu pira , nya ce....”  jawab Atang nyambung obrolan

“ naon tah kinten-kintena eta padamelana?” tanya si eneng  bari neuteup ka Atang

“eta....  purah nungguan lilin jeung cai dina baskom, keun Akang nunguriling na mah..” jawab Uce kalem

“ atuh eta mah nyegik......... hahaha..” panumpang nu diuk dihareup nempas obrolan bari ngabarakatak

“ah, dikinten teh bade dipiwarang naon........!” si eneng ngagurutu bari rada mesem

Mohon tunggu...

Lihat Konten Humor Selengkapnya
Lihat Humor Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun