Mohon tunggu...
Kang Warsa
Kang Warsa Mohon Tunggu... Administrasi - Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Selanjutnya

Tutup

Cerpen Pilihan

Carpon: Caleg Jepret

25 Januari 2014   01:21 Diperbarui: 24 Juni 2015   02:29 82
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

Poé Juma’ah, lamun nénjo kana almenak, bulan kuli geus tanggal 24 Januari 2014, dikonvérsikeun kana almenak Jawa jeung Hijriyah ampir sarua geus asup tanggal lilikuran. Pagawé Nagara sok nyebut tanggal lilikuran téh “tanggal tua”, henteu saeutik dina sosial média ngarahuh; duh geus tanggal kolot, aya ogé anu nulis status arék dina facebook atawa twitter: duit kari sarébu! Ngan keur anu ieu mah jigana status wadul, asa piraku pagawé nagara ngan boga duit ukur sarébu pérak, bener meureun ari dina saku mah, ngan dina dompét jeung kartu ATM mah pepek. Sabab, henteu saeutik kacaritakeun aya pagawé biasa tapi miboga rekening gendut. Nya, tanggal kolot ieu, ari keur pagawé leutik anu araya di handap mah karasa pisan, anu disebut kolot téh éstuning kolot, liat, cakial, jeung seuseut.

Geus puguh sagala kapereluan geus mimiti nérékél naék ti saprak harga gas elpiji 12 Kg ditaékkeun ku pamaréntah. Dina Koran sok diiberkeun, inflasi cenah, “ Teuing nanahaon maksudna, naon anu disebut inflasi téh?” Ceuk Haji Sukri nalika dina pangajian ditanya ku jama’ah ngeunaan hal éta. “ Euweuh dina bab fiqih-na, ditéangan dina imriti, safiinah, kaelani, malah dina kitab-kitab tashowuf ogé euweuh anu ngaranna inflasi. Ngan anu jelas, inflasi téh akibat niléy duit létoy!” Ceuk Haji Sukri. Jama’ah teu bisa kukumaha deui lamun Haji Sukri geus ngaguar hiji hal bari mamawa sababaraha kitab Arab Gundul.

“ Henteu kudu dipikiran, arék inflasi, arék harga béas nepi ka saratus rébu sugan sakilona, nu penting mah urang ikhtiar, meunang duit, nya lamun can hasil pamaksudan mah, ngaranna ogé hirup, yahh kadang ada di atas kadang ada di bawah. Bener pan?” Ceuk Abah Uko sanggeus ngalaksanakeun sholat Juma’ah, teuing ngomong ka saha. Bener ari kitu téa mah, inflasi jeung nérékélna harga-harga kapereluan rumah tangga teu mawa pangaruh gedé kana kahirupan masarakat Cihérang. Buktina, sanajan harga-harga naék terus duit keur seuseut angger baé kana balanja jeung barang beuli mah teu eureun. “ Tah éta téh hartina, roda kehidupan akan terus berjalan , bener henteu, Kemed?” Pok Abah Uko deui.

“ Bener… meureun!” Témbal Si Kemed bari mindahkeun sajadah dina taktak kénca ka katuhu.

“ Berjalaaaannn yeuhhh, leumpang ténjo tincakeun!” Ceuk jelema beulah tukang, maksudna ngaléléwéan Abah Uko.

Abah Uko katelah jalma barangasan keur ngorana. Aya béja, pernah tarung patutunggalan jeung bégal di Tegal Beurit nalika balik ti dayeuh dipegat ku bégal. Ceuk béja mah, Si bégal nepi ka ampun-ampunan da ditimbug ku rancatan tanggungan cau. Béja jeung carita ngeunaan Abah Uko ieu lain ceuk sasaha, tapi ti anak-anakna sorangan. Ngan lamun nénjo ka anak-anakna mah asa euweuh hiji ogé anu boga cupat pijadieun préman, jawara, atawa jégger. Malah budak panggedéna mah usahana kana jual beuli manuk. Sok diheureuykeun ku barudak mah, Usman cenah, Usaha Manuk!

“ Ngomong sia sakali deui, caréham pindah ka warung Si Ujang!” Ceuk Abah Uko ngalieuk bari molotot ka anu tadi ngomong. “ Budak saha manéh, pejuh kénéh geus culudur, sia?”

Berebet budak meujeuhna lengger téh lumpat, sieun meureun dicéntang ku Abah Uko.

“ Budak Si Soleh, Abah!” Haréwos Si Ohi.

“ Si Soleh tukang ngagali sumur?”

“ Heueuh!”

“ Sugan téh lain budak Si Soleh.”

“ Naha, aya naon kitu jeung Si Soleh?”

“ Teuing atuh, naha silaing maké nanya ka déwék ngeunaan Si Soleh. Tuh tanyakeun baé ka pamajikanna: silaing datang ka imahna, ngomong: nyai, kumaha iber Kang Soleh, sehat?” Ceuk Abah Uko leumpang digancangan.

“ Horrr? Boa weureu aki-aki téh?!” Si Ohi gogodeg.

***

Anu jadi jejer lain saukur tanggal kolot. Tapi dina danget ieu geus asup pisan kana héabna iklim politik. Geus deukeut kana pemilu 2014. Kurang leuwih kana 70 poé deui nagara bakal ngalumangsungkeun “pésta démokrasi”. Tiap péngkolan jalan geus dipinuhan ku rupaning baligho jeung spanduk calon anggota législatif. Tangtu ti rupa-rupa partéy politik. Para pamuda jeung nonoman geus daraftar jadi anggota rélawan atawa tim saksés ti salah saurang calég jeung partai politik. Béda-béda, sok paagul-agul, komo lamun ku calég pusat dibéré kaméja tim saksés, sok diparaké sholat berjamaah, masigit jadi ramé ku para pamuda jeung nonoman anu sarolat maraké atribut calég jeung partai politik. “ Keun baé, tong dicaram komo dicarék mah, da Alloh mah moal kaolo ku kaméja alus.” Haji Sukri ngaharéwos ka DKM.

Dina tahapan pemilu mah disebutna masa sosialisasi ayeuna téh. Ngan ku urang lembur mah istilah ieu téh sok dibasakeun kompanye. Sanajan dina aturan jeung undang-undang mah béda pisan antara sosialisasi jeung kompanye. Keukeuh ku urang lembur mah disebutna: Kompanye, kudu aya kaos, kaméja, atawa bandéra. Loba anu kuli masang-masang spanduk jeung baligho. Masarakat ogé geus pinter ayeuna mah, leuwih merong ka calég anu katénjo rada aya modalan. Sumawona ka calég anu jegud mah, umpamana boga kasang tukang pengusaha.

“ Calég jeprét pan éta mah!” Ceuk Mang Ujang dina wanci lingsir ngulon.

“ Saha?” Tanya Si Ohi.

“ Tuh, anu baligho pang gedéna!” Bari nunjuk kana hiji baligho. Bener panggedéna di antara baligho anu aya.

“ Naha disebut calég jeprét?”

“ Nya, dina tiap aya acara jeung kagiatan pan sok hayang diphoto bareng baé manéhna mah, jeprét… jeprét… jeprét… kana facebookeun wéh ku tim saksésna. Si Ocim tuh salah saurang tim saksésna téh!” Témbal Mang Ujang.

“ Déwék mah bingung, teuing arék milih anu mana, teuing arék milih saha, da ka nu itu dulur, kanu baligho pangleutikna, tuh itu, anu photona dikopéah jeung aya kumisan ipis éta téh kapilanceuk pisan.” Abah Uko milu mairan. “ Anu matak arék dipilih baé lah kabéh ngarah adil!”

“ Suara tidak sah atuh ari kitu mah!” Ceuk Si Kemed. “ Kuring téh kieu-kieu ogé geus daftar jadi rélawan démokrasi, Abah.. Éta téh suara tidak sah ngaranna…!”

“ Heueuh, nyaho aing ogé, silaing téh daftar jadi tim rélawan démokrasi, ngan teu lolos seléksi pan, kitu nya?”

“ Heueuh, licik nganiléyna…!” Si Kemed tungkul.

“ Lain licik, tapi silaing henteu mikir, ijazah SD malah teuing lulus teuing henteu hayang jeneng jadi tim rélawan. Tah, jadi déwék mah arék milih kabéh, rék dicolok kabéh, da baraya kabéh ogé!”

“ Tidak sah, Abah!” Si Kemed bareng jeung Si Ohi.

“ Tapi tidak sah ogé diitung pan? Asup kana suara tidak sah engkéna?”

“ Enya diitung, ngan suara tidak sah, sarua baé jeung henteu diitung!”

“ Diitung tapi sarua baé jeung henteu diitung. Ari logika silaing maké rumus Bambang Archimidés lain? Diitung tapi henteu diitung…!”

“ Heueuh, pan ngaranna ogé tidak sah, jadi moal asup ka mamana!”

“ Apan diitung lain. Geus.. silaing henteu kudu ngahahalang déwék. Éta mah hak déwék. Anu penting mah henteu golput! Masalah déwék salah jeung henteuna mah engké baé urang buktikeun di pengadilan. Kitu ogé lamun daék silaing ngagugat déwék ka pengadilan…!”

“ Hésé lah ngawangkong jeung aki-aki barangasan mah!”

“ Abah, mending milih anu ieu…!” Si Ohi ngangsrod diukna ngadeukeutan Abah Uko. Sabari nénjokeun gambar jeung stiker hiji calég. “ Tah ieu mah, lamun kapilih téh arék ngawangun jalan anyar…”

“ Tong sok ngabodor silaing, Ohi. Arék ngawangun jalan anyar kumaha, tuh jalan heubeul ogé beuki parna ruksakna. Kamari, budak Si Herman labuh dina motor da jalanna jaba leueur téh karohok sagedé-gedé tampir!”

“ Terus calég ieu arék ngusahakeun rumah sakit gratis! Lamun Abah gering, Abah bisa barobat henteu maké biaya!!! Alus pan ieu program…!” Si Ohi beuki sumanget. “ Lain keur Si Abah wungkul, kabéh anu aya di ieu warung kudu milih calég ieu, bener déwék mah, program-programna aralus.”

“ Apan ayeuna mah aya JKN, Jaminan Kesehatan Nasional, Ohi! Naha calég anu didukung ku silaing téh asa bet bodo-bodo teuing. Program pamaréntah éta mah, teu kudu ditiron!” Mang Ujang milu ngomong.

“ Wah, ieu mah leuwih alus dibandingkeun jeung program pamaréntah setéh, Ujang… !” Embung éléh.

“ Wegah sabenerna mah déwék ngomong jeungsilaing mah, Ohi. Moal ngarti-ngarti, lamun geus kapilih, tah éta Si calég anu diagul-agul ku manéh engké bakal jadi bagéan tina pamaréntah. Jadi anggota DPR téh pamaréntah sia téh!” Abah Uko ngomong deui bari nyuruput kopi.

“ Ah, teuing da déwék mah dititah ngomong kitu ku bapa calég ieu!”

“ Kieu baé ayeuna mah. Aya amplopan henteu?” Si Kemed nanya. “ Déwék mah arék milih téh ka calég anu méré amplop wé ah, cungcréng cara mikir déwék ayeuna mah. Moal kabita ku kaos, badéra, komo ku visi misi anu aralus teuing jeung araya di langit mah. Boa iraha kabuktosna ogé. Anu karaos baé, buktos, kahartos, coblos! Sok mana aya amplopan henteu, Hi?”

“ Pantes silaing henteu kapilih jadi rélawan démokrasi, da kitu gening pemuja money politic!” Témbal Si Ohi.

“ Béda deui caritana lamun déwék jadi rélawan mah, moal ngomong siga tadi, mana aya amplopan henteu?”

“ Euweuh nyaéta, pan ceuk Bapa Calég, sabréhna baé… tidak usah paké duit bisi jadi kabiasaan cenah!”

“ Lain kabiasaan, da geus puguh biasa.” Abah Uko ngomong semu seuri. “ Lah, euweuh amplop mah geus baé ngalamot curuk tuh siga Si Jenih, taun 2009 baé anu kaluar duit nepi ka 60 juta ngan meunang 75 sora. Komo anu henteu maké amplop, paling jadi pangramé..!”

“ Ngan… ieu aya kaos, bola voly, jeung almenak… arék dicokot moal?”

“ Bikeun wé ka barudak nu kitu mah. Tuh ka RT Icangkeun atawa ka RW Apud. Ngan ngabéjaan déwék ka silaing, ulah ka RW Apud, da Si éta mah sagala disanggap ti calég mana ogé, ngarittt. Ayeuna keur nyiapkeun balong gedé, cenah calég mana baé sok bisi arék marelak lauk, nguseup gratis keur masarakat Cihérang. Tipu muslihat, méméh diuseupan sok diparab hela éta lauk, nya tungtungna mah lauk lolobana henteu nyanggut da geus sareubeuheun.. Tepungan mah Si Icang, manéhna mah rada lempeng jelemana, bisa dibawa dami!”

“ Kadé tong poho dina waktuna, pilih bapa calég ieu, ari wé ieu lembur hayang maju!”

“ Supaya wé silaing ngomong téh, nganggap lembur sorangan can maju lain?” Si Kemed morongos.

“ Hayang leuwih maju, tah ku aing diralat, Kemed!”

***

Poé Minggu, geus ramé ti isuk mula. Ka Cihérang baris kadatangan ku Calég Jeprét. Kolot-budak, lalaki-awéwé geus minuhan jalan. Si Ocim salaku tim saksés dibarengan ku sababaraha nonoman masang-masangkeun spanduk, baligho, jeung umbul-umbul meunang nginjeum di balédésa. Jalma-jalma ngumpul sabab anu datang lain calég Kota atawa Kabupatén, ieu mah calég pijadieun, calég Jeprét anu baligho ogé panggedéna, photona ogé pang alusna.

Panggung mah geus puguh dipasang ditambah papayon anu rada badag ukuranna, dipapaésan ku janur jeung aya spanduk ucapan selamat datang calég DPR RI. Henteu wé disebutkeun calég jeprét mah. Para nonoman lembur Cihérang anu jadi panitia kecil cuh cih, cakah-cikih maraké name-tag dina dada jeung sakuna, diseratan PANITIA PENYELENGGARA SOSIALISASI CALÉG DPR RI NO 1. Urang Cihérang geus pagelek-gelek da lain saukur sosialisasi dina éta acara téh, arék aya pongdut jeung organ tunggal.

Teu sabaraha lila, dua mobil plat B ngageleser. Kabéh ngalieuk, dina haténa gumecrot, hélok nénjo mobil anu hurung-hérang, ngageleser di jalan lembur, asup ka hiji kampung anu jauh ka dayeuh. Hansip Ika jeung Adut mah pakeupis, ngahaling-haling barudak anu ngahalangan jalan. Reg mobil eureun, panto dibuka, kabéh panasaran. Hiji jalma kaluar, Si Ocim mah teu sirikna lumpat mapag éta jalma, celengo nyium leungeunna.

“ Ayo.. ayo… bapa-bapa, ibu-ibu dan anak-anak, ngumpul sinih, kita photo-photo!” Ceuk éta jalma. Kabéh anu aya di dinya ngagimbung ngadeukeutan Calég DPR RI. “ Ayo, Ocim ambil itu kaméra SLR-nya, kita photo-photo dulu…”

“ Hiji… dua…tilu!” Ceuk Si Ocim.

Jeprétttt..!!! Kaméra hurung blitz-na.

“ Sekali lagi…! Senyum ya ibu-ibu!” Ceuk Bapa Calég.

Jeprétttt deui Jeprét deui, kana lima kalina.

“ Ini, hasilnya akan saya muat di koran, jadi bésok pagi, wajah para sadérék dan baraya akan ada di koran!” Ceuk Bapa Calég deui bari séséréngéhan.

“ Diphoto deui atuh bapa sareng abdi!” Si Kemed datang. Si Ocim jamedud. “ Teu kudu jamedud silaing Ocim, kalem baé da moal nyokot hancengan silaing déwék mah, bener tidak , bapa?”

“ Iya..iya.. ayo..ayo.. Ocim, kamu photo lagi saya dengan bapa ini!”

“ Nyangigir atuh manéh téh, Kemed! Rada déngdék saeutik, deui..deui… béh dieu saeutik, kakarak nya manggihan nu kieu, kakarak nya diphoto?!” Ceuk Si Ocim.

“ Gancang pencét tustélna, ngawaos wé, teu karunya manéh ka Si Bapa?”

Jeprét!!!...

“ Saya juga kepengen diphoto bareng!” Hansip Ika lumpat. “ Saya hansip di sini, Bapa!”

“ Photo lagi, Cim!”

Jeprét! Deui…

“ Bapa, ayo sekarang mah kasih pidato, nanti photo-photonya lagi kalau sudah pidato!” Ceuk Si Ocim.

“ O, iya, hampir saya lupa, Ocim!” Ceuk Bapa Calég DPR RI muru ka panggung.

Teu kacatur lilana, sosialisasi réngsé, nga kitu téa wé, bérés sosialisasi, photo-photo deui. Dina akhir acara tadi, Bapa Calég DPR RI méré bantuan, duit keur ngawangun MCK jeung ngoméan suhunan masigit. Dipasrahkeun ka RW Apud minangka wawakil ti masarakat Cihérang. Sanajan loba anu curiga, tapi keukeuh baé masarakat ngarojong RW Apud anu nampa duit ti Bapa Calég DPR RI.

“ Siap-siap saja, bapa ibu besok terkenal, masuk korannnn!” Ceuk Bapa Calég DPR RI.

***

Isukna ti beulah kalér aya anu ngagorowok. Si Dadang, gura-giru muru warung Mang Ujang. Geus réa anu baralanja, ngadon ngopi, ngaroko, jeung ngawarangkong. Wanci haneut moyan harita téh. Si Dadang hah-héh-hoh, dina leungeun mawa koran.

“ Aya naon, manéh? Siga diudag béngkong Ata baé lulumpatan?” Ceuk Si Kemed.

“ Kopiii..kopiii..kopiii!” Ceuk Si Dadang.

“ Kopii cenah Ujang, boa kasibat Mbah!”

“ Ieu!” Song sagelas kopi dibikeun ka Si Dadang.

“ Aya naon, Dadang Wiwiw?!”

“ Jréng..jréngggg…!” Cenah bari muka kertas Koran. “ Saha ieu, saha ieu, ténjo.. saha ieu?”

Kabéh anu aya di dinya nyidik-nyidik koran.

“ Urang-urang asup koran???!” Kabéh ngomong bareng silih pelong. “ Asup koran euy!”

“ Déwék gagah nya?” Ceuk Si Kemed.

“ Gagah, ngan déngdék teuing silaing mah diphoto téh!”

“ Si Ocim anu kitu téa mah!”

“ Gunting koran téh, mani sakaca kitu gening, tapelkeun dina témbok di ieu warung!” Ceuk Si Dadang.

Koran ditapelkeun dina témbok ku Mang Ujang. Urang lembur pabéja-béja, bener cenah potrét téa dikana korankeun ku Bapa Calég DPR RI No.1. Rob jalma-jalma ngagimbung Koran anu ditapelkeun dina témbok. Silih séréd, pada hayang nénjo, asup kana koran henteu. Pabéja-béja, urang Cihérang asup kana koran cenah.

“ Ceu Eha ogé aya gening!”

“ Itu urang!”

“ Asa alus kénéh dina photo manéh téh!”

“ Si Ika keur nyekel popongkor, abong hansip, hahaha!”

Kitu.

Ampir unggal poé,urang Cihérang datang ka warung Mang Ujang nénjoan potrét maranéhna sorangan, reueus asup koran, hiji hal anu jarang kaalaman ku maranéhna. Aya anu anteb neuteup henteu ngiceup-ngiceup kana potrét dirina sorangan, bari nyéta-nyéta ngagaya nyaruakeun jeung anu aya dina koran. Saminggu ti harita geus henteu ramé deui saperti poé-poé saméméhna, baroseuneun jigana. Da kitu-kitu kénéh, kertas koran beuki lecek da pada nyabakan baé.

“ Ujang, laan nya koran téh?” Ceuk Abah Uko. “ Arék dijieun kakapalan keur incu déwék!”

Euweuh anu ngomong. Béréwék koran dilaan ku Abah Uko, potrét diteuteup saurang-saurang. Tuluy manéhna balik. Anu aya di éta warung ngabati melong nepi ka Abah Uko ngiles di péngkolan. Mang Ujang anteng ngagoréng sampeu, Si Kemed ngudud, Si Ohi gagaro henteu ateul. Hawa masih karasa tiis, hujan ti subuh masih ngecrek nepi ka wanci pecat sawed. Tangkal-tangkal mucicid, jalma beuki barétah ngagolér di kamarna séwang-séwangan. [ ]

KANG WARSA

Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun