Mohon tunggu...
Ena Rohana
Ena Rohana Mohon Tunggu... -

Ena Rohana / Mang Utas

Selanjutnya

Tutup

Dongeng

Lalampahan Nemonan Kanu Ngawinkeun

18 Oktober 2011   12:57 Diperbarui: 26 Juni 2015   00:48 126
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Ditulis ku: Ena Rohana #Nov 2006



Ceunah jeung beja numutkeun adat atawa kabiasaan kolot baheula mun rek hajatan teh kudu diitung heula poe naon nu alus, bulan naon nu hade keur prakna hajatan. Duka teh teuing maksudna naon, da sakaterang kuring mah poe atawa bulan mah sarua, enya sih numutkeun katerangan anu katampa ku kuring boh ti kolot atawa ti guru atanapi ti mubalig ceunah Poe anu sae teh poe Jum’at tah mun Bulan nu alus teh Bulan Ramadhan.

Ah jigana ieu mah utang-itung kolot mah ngabogaan alesan atawa dasar anu kukuring can ka talungtik, tapi keun wae mana dimumule oge panginten eta kabiasaan teh teu ngalanggar norma agama tur darigama.

Tatangga kuring ti saprakna harita nanyaan geus nyenyekel tanggal jeung poe kawinan anak cikalna. Tanggal jeung poe eta ceunah geus meunang ngitung tinu jumhur, dumasar tina weweton budak jeung liana deui. Poe jeung bulan nu alus eta teu aya lian ti poe Salasa tanggal 11 Juli 2006.

Pisabulaneun kawinan sagala disiapkeun, timimiti ngecet imah tur meresihan buruan oge solokan, ngahadekeun kenteng nu nyorosod tur nambal eternit nu bolong urut ucing beger ti gebrus. Geus puguh ari kucah-kicih nyiapkeun dana keur waragan kawinan mah, da eta anu kawilang penting oge, komo ku jaman ayeuna harga-harga barang pada naraek. Jadi ku ngaran kawinan di jaman kiwari mah teu saeutik waragad anu kudu disiapkeun, timimiti keur ipekah mas kawin, keur bawaeun ka panganten istri, keur nyumbang waragad hajatan di pihak panganten istri, tacan keur mulang keur anu karondangan ka imah langsung, pokonamah matak lieur lamun tacan disiapkeun tianggal-anggalna mah.

Jigana mun hayang tenang mah ti mimiti kakandungan teh geus direncanakeun tah sakieu keur biaya lahiran, sakieu keur biaya aqiqah, sakieu keur biaya nyunatan, sakieu keur biaya kawinan tapi dakitu da hese prak-prakanamah.

Pisaminggueun deui ka hajatan uleman geus disebarkeun ku calon besan dibagikeun ka kadang warga boh di padesaan atawa anu di kota.

Tilu poe saencana acara kawinan kaayaan diimah geus sagala beresih ka jukut-jukut nu ngajejembrung pipir imah geus dicabutan, pon kitu deui di tengah imah geus diberesan, korsi jeung meja katut lomari geus di ingkahkeun, diganti ku ngampar samak jeung karpet ngarah lalega mun seug aya tatamu nu rek kondangan.

Malahan Kang Aris tatangga nu beulah tukang mah saprak budalan magrib ti masjid, geus paciweuh ngangatur saha wae nu deuk ngiluan nganteur panganten ka Wanguwati. “Kumaha yeuh saha wae nu rek milu ka kidul, urang naraek motor we.” Ajak Kang Aris.

“Insya Alloh sayah ge rek kana motor, da mun seug boga mobil mah rek kana mobil” cekeng.

“Mending kana motor we ngarah ngabring, tah Pak Jaya, Pak Endang, sayah meureun, saha deui nya….Pak Haji kumaha bade kana mobil ?” Tanya Kang Haris.

“Insya Alloh upami teu aya halangan rek ngiluan kaditu, mun rek kana malotor mah Pak Haji oge rek kana Mio we” tembal Pak Haji

“Enya lah itung-itung ngetes Mio Pak Haji..ha.ha.ha..” tembal Kang Haris bari seuri.

Sabtu sore basa kuring deuk nyampeur maen bal ka Pak Wawan kapirakana calon panganten pameget, kabenaran didinya aya Jang Doni. “Kumaha Don tos siap nikah teh ?”. Tanya kuring

“Insya Alloh pa, da namina ibadah siap we…hehehehe.” Tembal Jang Doni

“Syukur atuh ari tos siap mah, da namina nikah mah kedah siap sagalana terutami siap mental jeung jasmani leres sanes”

“muhun”

“Kedah siap mekacinta kana sikep atawa adat pamajikan anu ku urang teu dipakaresep, maksudna kieu kapanan ari keur bobogohan mah katingalina calon pamajikan teh sagalana alus, sagalana payus teu aya cawadeun kaasup adat jeung kabiasaana, ari adat goreng mah kapanan sok disumputkeun, pon kitu deui urang ka manehna, lah conto nu leutik we kieu, mun urang keur nganjang ka bebene hate, tuluy hayang hitut kapanan belaan beuteung kembung nanahan hitut, da era bisi katohyan ku bebene komo aya calon mitoha mah. Tah kapanan ari geus puguh pruk kawin mah tur bebene geus jadi pamajikan mah, hitut teh dimana karep, kadangkala hitut teh ngahaja ditarikeun ngarah kadenge ku pamajikan. Pokona loba Don..contona, anu penting mah urang kudu saling. Ari ngaranan kawin mah kapanan ngahijikeun atawa ngawinkeun dua pamikiran, tah didieu urang kudu bisa ngahijikeuna, kitu tea sayah oge masih diajar keneh Don, da sok aya wae paketrok mah eta kasebutna wajar da nanaon oge aya proses, kapanan ceunah sendok jeung piring oge sok kadangkala diadu. Anu penting mah urang boga prinsip to be continued improvement ceuk basa jawa mah.

Anu katilu ngarana kawin mah aya masa endahna aya masa patina, tah didieu urang kudu siap oge.

Pabeubeurang poe Senen basa kuring istirahat balik ka imah, kuring panggih jeung Pak Ijang nu rek ngawinkeun budak cikalna.tuluy kuring ngobrol bari cinggogo.

“Kumaha Pak Ijang perasaana rek ngawinkeun budak teh, cikan jiga kumaha.” Tanya kurin malahmandar keur persiapan kuring engke ngawinkeun budak awewe satilu-tilu.

“Lah biasa we kitu aya bungah aya sedih, enya sedihna mah ti leuleutik ku urang karawu kapangku ayeuna dileupaskeun  boga tanggungjawab sorangan, heueuh sok ras inget ka jaman manehna leutik.Bungahna mah geus teu kudu dicaritakeun saha nu teu bungah mun budakna geus meunang jodo. Nu sejen namah  kitu tea tagiwur nyaeta loba kabutuhan nu sifatna ngadadak, diluar dugaan.”

“Deuh..komo abdi atuh nya Pak Ijang boga budak awewe satilu-tilu, tapi keun we da boga rejekina jeung jodona masing-masing ieuh” tembal kuring ngabeberah hate karep.

“Kumaha rencana  berangkat ka kidul teh, jam sabaraha ?” Tanya kuring

“Isuk-isuk we kurang leuwih jam genep isuk, da eta kapanan didituna aya acara upacara adat heula saencana walimahan.” “Sakalian ngulem engke ba’da Magrib urang ngariung di imah”

“Muhun Insya Alloh”

Ba’da Magrib kuring jeung tatangga nu sejena ngariung mungpulung di bumi Pak Ijang, nu maksudna mah ngayakeun syukuran, rehna anakna nu cikal rek diwalimahan, oge syukuran rehna anakna nu panengah geus beres kuliahna.

Beres acara syukuran, Pak Rw ngabahas rancana angkat jajap calon panganten pameget ka Wangunwati.

Ti subuh keneh di imah Jang Doni geus kadenge kunu galuntreng ngarobrol, pagaliwota jeung sora mesin cai anu ngagerung, pahibut paheula-heula ka cai, aya oge sabagian anu masih keneh ngaguher sare, eta meureun peutingna bagadang jadi masih tunduh keneh.

Ari Jang Doni mah tunduh-tunduh oge geus tanghi malahan geus saged dipakean rapih, pon kitu deui sepuhna. Kurang leuwih jam satengah tujuh rombongan panganten pameget kaasup kulawarga jeung tatangga anu rek jajap geus siap na kendaraan masing-masing, malahan kuring oge geus anjeucleu na motor jeung indung budak oge budak. Bring we rombongan arindit, mobil ti heula anu na malotor palandeuri. Kuring mah pangdeurina. Barang rombongan arindit, kuring sajig-jigna indit torojol aya mobil box naroskeun rombongan panganten, “tos arangkat kitu anu ka Wangunwati teh?”

“ooh..parantos aya kana lima menitan mah, ti palih mana kitu pak?” Tanya kuring

“Abdi saderekna, pedah ieu nyandak tuangeun”

“Ah da teu acan lami pak, engke oge kasusul geura dijalan, da abdi oge bade angkat kaditu” cekeng

“Mangga atuh pak abdi ti payun” cekeng bari tuluy ngagas motor biur we indit nyusul rombongan.

Dijalan kuring papanggih jeung rombongan motor pangjajap, kaasup Pak Endang Asmara anu ngabonceng istrina Ibu Yuyun, Pak haji Maman, Pak Jaya malihan aya tim penyapu rombongan nyaeta budakna Pak Dadan, ceunah bisi aya kandaraan anu katinggaleun. Enya we teu sababaraha lila vesva Pak Jaya ngadat embungeun maju, pedah harita katohyan Pak Jaya keur ugal-ugil nyelah Vesva.

“Kunaon Pak Jaya..mogok nya?” Tanya kuring bari ngalaunan motor.

“Biasa ieu mah Pak..mangga ti payun we”

“Teu peryogi bantuan..?” cekeng mastikeun

“Sawios Pak teu keudah…biasa ieu mah da”

“Heug atuh abdi ti payun nya”

Biur deui kendaraan maju deui, da ari Pak Endang mah geus mangpret ti payun, jigana Pak Endang mah keur ngorana tukang balap, da eta meni hese kasusulna, teu kurang ti 60km/jam kecepatana.

Srog ka belokan didinya geus ting lalungsar rombongan motor, aya anu ngageberan dada ku topi aya anu keur ngaropi goreng pisang haneut. Reg we kuring oge ngiluan eureun, istirahat heula ah..cekeng

Gap Bu Yuyun kana goreng cau, pon kitu deui Pak Endang ari kuring mah ngopi gorengan tempe anu ngagantel na keresek meunang tadi meuli di jalan deukeut Pom bengsin. “Pak Haji sakalian tah pangmayarkeun, abdi goreng cau hiji.” Cek Bu Yuyun

“Abdi dua” cek anu beulah ditu  tuluy anu sejen tingkolesed tina bangku warung

“Aeh da Pak haji mah ngadahar goreng cau oge ngan hiji, jaba teu nyandak artos yeuh..soklah Pak Endang sakalian pangmayarkeun” tembal Pak Haji

“Ah..si Pak haji mah..tah Pak bayar..” tembal Bu Yuyun bari ngaleos

Ari kuring mah bati seuri leutik we, untung uing mah teu ngiluan ngopi goreng cau. Hayu atuh siap urang angkat deui. Bring kendaraan arangkat deui, nu panghareupna motor Pak Dede jeung babaturana deui da ceunah babaturana apal tempat kawinan, da ari kuring jeung nu sejen mah apal-apal poho tempatna oge.

Beuki lila beuki butut jalan teh, jaba oge asa bareda jalan teh jeung anu tiheula basa nganteur nanyaan. “Pak Haji bener kitu jalana kadieu?” Tanya kuring panasaran

“Ah bener jigana kapanan tuh aya babaturan Pak Dede  nu apaleun, urang tuturkeun we manehna” tembal Pak Haji

“Muhun atuh” cekeng

moal kitu nyandak jalan pintas Pak Dede teh, ah enya jigana ? gerendeng kuring  bari tuluy nunutur Pak Dede anu ngabiur tiheula bari galuntreng ngobrol jeung babaturana.

Jalan beuki butut pisan tur nurugtug mudun, batu sagede sirang munding ngajarentul sisi jeung tengah jalan, pokona mah teu aya piliheun, saleuheung motor kuring mah rodana rada jangkung coba anu Pak Haji, motorna rodana pendek enya Mio ieuh atuh jaba anyar matak paur kabetrik ku batu anu ngacleng. Eta we nyetir motor mei hut-het sampeyan ngajegang, panangan duanana tingpereket ngerem jeung ngegas, teu acan kesang nyurucud mapay tarang bersihaneun. Kocap aya mobil ti beulah pudunan kajeun areureun heula, da bisi tikosewad.

Beres pudunan anu hararese bras ka jalan anu rada alus saeutik..naha torojol deui Pak Dede jeung babaturana balik deui, bari tutunjuk, “Balik deui euy..salah jalan..” ceunah bari jeung seuri.

“Aeh..aeh…aya kukituna eta Pak Dede, eta deui babaturana jiga nu heueuh apal jalan” cekeng

“Astagfirullah aladzim…terlalu….” Tembal Pak Haji

“Keun wae Pak Haji itung-itung ngetes Mio” tembal Pak Dede teu euleum-euleum.

Ari Pak Endang jeung Bu Yuyun mah bati nyenghel seuri, bari nempokeun Pak Haji.

Atuh rombongan teh, balik arah deui, mapay-mapay tanjakan anu matak hararese diliwatan. Kuring jeung Pa Endang teu langsung indit, kocap melongkeun heula jajalaneun bari rumahuh.

Keun lah Pak Endang tong nuturkeun deui Pak Dede, paingan atuh asa bareda jalan teh.

“Hayu atuh urang keureuyeuh.” Tembal Pak Endang.

Singket carita kuring Pak Haji, oge Pak Endang dugi kanu diseja. Alhamdulillah geuning dugi oge yeuh…cekeng bari babatek leungeun da pegel balas ngekewek setir motor.

Didinya geus rajeg hansip ngangatur tempat parkiran kendaraan. “Mangga Pak ka palih lebak, mapah we..keun kendaraan mah dijagi didieu.” Cek petugas hansip.

Deuh enya dulur, jalan anu tadina satapak geus dilegaan dihahade bisa kaliwatan samobileun mah, ti beulah lebak anu ngaliwatan sawah jalan dilegaan dugi kasadeupana, anu tadina pas tanjakan diumpak-umpak ayeuna mah diratakeun tur dilegaan, ngan edas kunetekna. Ngan eta aya oge nu wanian, aki-aki dibonceng kubudak ngora make motor Yamaha F1 ZR keukeuh hayang dianteurkeun dugi kaburuan imah. Atuh motor teh eureun heula pas dinu rata, “Ki nangkod sing pageuh” cek budak ngora

“Sok jang geus pageuh ieu oge.” Tembal si aki bari peureum jigana soakeun oge.

Ke heula Kang..eta bade ka tonggoh kana motor..?  kade ah bisi nyorosod..paur yeuh” cekeng

“Atuda ieu si Aki keukeuh hayang didugikeun  ka tonggoh, ah..da ari kudu ngagandong mah beurat kang” tembal budak ngora bari ngagerung-gerung motor rek ngawahan.

“Ki…siaaaap!” cek budak ngora

“Siaap…Jang..” tembal si aki bari tipepereket muntang kana beuteung budak ngora.

Biur motor mangpret nanjak, kuring jeung nu sejen bati narahan napas, sieun motor teukuateun tuluy mudun deui.

Da enya baraya eta motor alhamdulillah dugi oge, reg motor di erem, suku dijegangkeun nanahan kasaimbangan, ceg si Aki pada marangku.

Tidinya kuring jeung nu sejen karek naretek ngahanca tanjakan. Jol anjog ka buruan imah, didinya acara geus dimimitian, tuluy ting galutrut ngareusian buku tamu. Gek dariuk ngabandungan acara anu keur dimimitian, regot nginum da hanaang balas nanjak. Ari budak kuring mah kalahka arulin jeung budak Pak Bangbang, malahan jarajan es krim.

Satadina mah acara walimahan teh rek di masjid ceunah, kulantaran tempatna rada anggang walimahan teh jadina diimah. Alhamdulillah acara walimahan kaitung lancar, tuluy disambung ku acara sungkem ka ibu rama, disambung ku acara saweran.

Kusabab acara walimahan geus beres kumaha mun urang ngahanca sangu ? cek Pak Wilman.  “Hayu atuh….”

Bring we bararis ngantri sangu sapuratina, gek dariuk bari ting camuil taruang.

Pak Dede eta aya ku karompak urang perum diukna ngajajar kitu. Cek Pak Wilman

Saha..?

Tuh Pak Jaya, Pak Nana jeung Pak Dadang,

Heueuh matak serab hehehehehehe…sambung Pak Dede

Hareupeun pak Jaya, Pak Nana Pak Dadang , aya budak awewe anu rada mencrang tugasna nungguan pecel jeung bungbuahan.

“Paingan atuh meni ngajajar kitu diukna, tah ka asup Pak Rahmat, meni embung ingkah, da eta keur ngahareureuyan budak awewe”

Emmm..karolot-kolot masih keneh wae resep heureuy teh, cikan ngageser Pak Rahmat..cekeng bari gek diuk tuluy belewek dahar.

“Neng tolong dong minta caunya..” cek Pak Nana bari noel budak awewe

“ihh….apa sih Pak!” tembal budak awewe bari ngajerete bangun anu teu ngarti

“Ituh cau..neng cau..” tembal Pak Nana bari ngusapan curuk anu dibentik-bentik.

“Halah..bohong Neng dia mah mau kenalan sama Eneng” tembal Pak Rahmat

“Oh..Neng gak bisa basa Sunda yah..” tembal Pak Jaya bari seuri nembongkeun ompong.

Si budak awewe unggek bari semu bareureum rarayna.

“Nah cau itu artinya pisang Neng…coba Neng AA minta satu yah, tapi kenalkan dulu nama AA Jay..” sambung Pak Jaya bari ngasongkeun leungeun

Can oge gep sasalam leungeun Pak Jaya ditepak ku Pak Dadang, tuluy Pak Wilman Rikat sasalaman, …A Wilman..ceunah  atuh Pak Jaya bati handeueul, bari mureleng ka Pak Wilman.

“Sudah-sudah Neng kenalannya, cau AA mana..? saur Pak Nana bari noel cangkeng budak awewe.

“Ihhh….apa-apan sih  tuh ambil sendiri…!” tembal budak awewe bari jomotrot

Barakatak teh kuring jeung nu sejena sareuri, da nempo Pak Nana nepakan tarang.

Sabot arudud beres dalahar kuring pamitan ka panganten jeung kulawarga, tuluy ngajak marulang. “Sok lah tiheula sayah mah rek nongton heula dangdutan” cek pak Wilman bari mureleng nempo artis dangdut anu jangkung leutik.

“Halah geuning et amah murid sayah euy…” cek Pak Rahmat

“Oh..ma enya Pa..geulis oge nya.” Sambung Pak Wilman

Anu sejen mah narongton heula dangdutan, meureun ngiluan oge joged, ah kuring mah balik we ti heula jeung rombongan motor deui. Alhamdulillah dugi deui ka Perum tur salamet.

Tah rupina sakitu catur bukur lalampahan nemonan pangulem anu kawinan teh.

Kirang langkungna nuhunkeun sihapuntena, bilih aya anu kasabit nami oge kasebat tempat, sakali deui nyuhunkeun tawakufna, da ieu mah direka-reka sangkan hade dipayus-payus ngarah alus, ngan jigana angger we sakieu ayana, keun itung-itung diajar nulis.

Cag..

Mohon tunggu...

Lihat Dongeng Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun