Mohon tunggu...
YUdi BErkokok
YUdi BErkokok Mohon Tunggu... Wiraswasta - Im cool

I'm cool

Selanjutnya

Tutup

Humor

Malam Minggu Kelabu

13 April 2019   21:46 Diperbarui: 13 April 2019   22:32 46
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Humor. Sumber ilustrasi: PEXELS/Gratisography

Tos lami ogé nya teu suratserat carita di Kompasiana, carita aaah... 

Halo semuanya, utamana nu jomblo. Jombloer pasti ngarasakeun naon nu ngarana malam minggu galau alias kelabu. Dimana sakabéh jalma bermesraan, toél-toélan, kikituan jeung pasanganna, sementara manéhna hidep cicing di imah melong jalma bobogohan léwat jandéla kamer atawa mungkin ngenet/online ngagugulung HP atawa PC, instagraman, twitteran atawa facebookan di jero imah siga nu keur kuring lakukeun ayeuna ieu. Duh Gustiiiii... 

Yaaah, memang itulah nu keur dialami, kuring téh sendirian di rumah tanpa ada teman yang menemani, deudeuh abong-abong fakir asmara.
Tadinamah aya ucing yang selalu menemani tapi sudah diajak kencan ku ucing tetangga. Wayah isya tadi ucing jalu tetangga nguang-ngong teu jelas di hareupeun imah.
Ceuk pikirtéh si Ucing keur kasurupan sigana, bongan tingkahna siga kuntilanak nu asup ka jero awakna. Ucing téh teu wanieun asup lantaran pakarangan imah bécék tos hujan gedé tadi soré. Kuring mencoba mencari tau penyebabna naon, ternyata lailooooh sungguh kaget alias reuwas saat ucing bikang bogana kuring lumpat teu jelas ka hareupeun imah, térékél si ucing bikang ngahanjat pager gerbang nyampeurkeun ucing jalu tatangga.


Hiaaaat... Kuring rikat gancang
nutup panto imah ngarah manhna teu bisa kencan. Ngahaja kuring teu ngidinan manéhna kencan lantaran kuring ogé da teu kencan hahaha...
Tapi dasar ucing euy, ucing bikang kuring téh ngaberontak jeung ngancam rék ngégél kuring mun manéhna dilarang ka luar, kuring coba ngotot rék ngahalangan kaluar tapi apa daya. Wadaaaaw kuring digégél, kapaksa ahirna kuring ngéléhan ngidinan manéhna kaluar ogé.
Kuring ngidinan manéhna ka luar tapi maké syarat, syaratna nyaéta tong berbuat macam-macam jeung si ucing jalu tatangga sabab kuring sieun manéhna hamil di luar nikah.


Akhirna kuring ngan saukur bisa nempokeun maranéhna kencan duduaan padahal kuring salaku majikan can pernah ngarasakeun nu ngarana kencan. hikz hikz hikz..
Kuring balik deui ka jero kamer sabari nyalakeun tablet android dibeksonan ku lagu si Delon Idol "indah pada waktunya" sabari tulas tulis di Kompasiana siga nu ku kuring tulis ayeuna, heuheu.... TAMAT


Kanggé kasadayana, kalau menurut abdi mah menjadi jomblo itu jauh lebih menyenangkan karena bebas dari kekangan, gak apa apa jomblo yang penting banyak karya bukan banyak gaya... Betul tidak? (Aa Gym mode on) Selamat malam minggu deh, salam bogoh ti abdi kanggé nu gareulis, nu gareulis mana dong komentarnya?

Mohon tunggu...

Lihat Konten Humor Selengkapnya
Lihat Humor Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun