Mohon tunggu...
Winendar Bisri
Winendar Bisri Mohon Tunggu... Guru - Guru Internet Marketing

Pengurus Yayasan Pendidikan Pelita Bunga Bangsa & Guru Internet Marketing

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Gilang Ramadhan di "Kepret" di Warteg

9 Oktober 2017   11:16 Diperbarui: 9 Oktober 2017   11:29 890
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Dokumentasi pribadi

Postingan Kang Gilang Ramadhan di Info Loker Lowongan Kerja Bandung Jawa barat bikin heboh netizen dan menjadi Viral. Cerita pendek kisah nyata dirinya yang sedang mencari kerja, menggugah hati para netizen. Menyadarkan betapa pentingnya instrospeksi diri, dan sedekah.

# DI WARTEG kuring di KEPRET #
Teu sirikna unggal kantor diasupan, saban pausahaan didatangan. Sugan jeung sugan aya nu haat narima jadi pagaw.
Ti saprak narima ijasah, geus mangratus lamaran dikirimkeun ka nu nawaran lamaran gaw. Geus puguh dititipkeun ka dulur atawa babaturan mah. Lebeng tacan aya jawaban.

Leuleumpangan mapay-mapay jalan, lahlahan. Lain jawaban nu datang tapi hanaang jeung lapar nu datang.
Sakadang peujit mnta dieusi. Lain teu hayang dahar di rstoran tapi duit nu teu nyumponan.

Warteg nu jadi pilihan. Koloyong indit ka warteg peuntaseun pausahaan nu geus nolak lamaran.
Kark g asup ka warteg, hawa nu tadina nyongkab panas ngadadak haleungheum pihujaneun. Angkeub.

Diuk nyanghareupan dahareun na jero etalaseu, pagigir-gigir jeung lalaki nu nyangahareupan cihrang nu pinuh knh. Jigana daharna geus brs.
Awakna seungit jiga nu mak 'Seribu Bunga'. Ngan hiliwirna bda jeung' Seribu Bunga' nu sok dipak sapopo.
Nu dagang mikeun dahareun nu dipesen. Sanguna ngebul. Barang rk ngahuapkeun sangu, ger, hujan ged pisan dibarung sora guludug jeung gelap ting burinyay nu nyaangan sakedapan jero warteg. Sora raragna hujan kana asbs warteg karasa pisan gandngna.

"Basmalah heula, Kang!" ceuk lalaki tadi. Kuring unggeuk ngajawab panalkna.
Sabot cacamuilan, asup aww tengah tuwuh nungtun budak dipapayung butut. Awakna rancucut balas kahujananan.
"Ngiring ngiuhan!" pokna halon.
"Mangga, sok calik. Di lawang mah tiris!" walon nu boga warteg. Maranhna dariuk gigireun kuring.

Hujan beuki ngagedan. Sorna angin nambahan tiris kana awak.
"Ma, lapar!" harwos budak ka indungna.
"Sttt!" Indungna nolak kahayang anakna.
Obrolan indung jeung anak sanajan lalaunan, jigana kadng ku nu boga warteg.

Teu lila, nu boga warteg mikeun sangu sapiring mentung jeung lalawuhna.
"Mangga, Bu! Hawatos ka murangkalih. Bilih aya nanaon. Teu sawios teu gaduh artos mah. Sodakoh saalit kanggo ibu sareng tuang putra." ceuk nu boga warung darhdh naker.
"Hatur nuhun, Adn!" Katingali juru panonna beueus.
Budak dihuapan ku indungna. Segut pisan daharna. Jigana lapar pisan. Sakali-kali indungna ngahuapkeun keur dirina. Tayohna sarua laparna.


Di luar, hujan ngadadak eureun. Langit dumadak lnglang.
"Kang, ieu!" Lalaki nu seungit ta ngaluarkeun duit saratus rbu.
"Jaga terus sodakohna. Ieu duit pikeun mayar Ibu tadi. Pami aya ssana, sodaqohkeun ka murangkalihna!" ngomongna bari nuduhkeun ka budak aww.


Teu nungguan jawaban. Manhna kaluar ti warteg. Teu lila hujan ngagebrt deui.
"Subhanalloh..." ngagerendeng. Kuring panasaran hayang ningali ka mana inditna ta lalaki. Lebeng teu kapanggih ka mana inditna. Hujan beuki badag, nyesakeun cileuncang di jalan.
"Boa tara sedekah matak hs nangan gaw th...!" Ngupahan diri sorangan.
Cag ah

Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun