Mohon tunggu...
Muna Pertiwi
Muna Pertiwi Mohon Tunggu... Mahasiswa - Ada

"Kenangan itu seperti angin"

Selanjutnya

Tutup

Bahasa

Warna Kecap

4 Januari 2022   16:56 Diperbarui: 4 Januari 2022   17:12 8203
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bahasa. Sumber ilustrasi: FREEPIK/Jcstudio

Bismillahirohmanirohim

Warna Kecap
Warna kecap numutkeun para ahli bahasa sunda kabagi kana 11 rupa nyaeta:
1. Kecap parang
     Kecap parang nyaeta sukrining barang anu kaudag kupancaindera jeung sifatna cicitan (abstrak). Contona manusa, bapa, ciliwung, kanyaah, kahayang, kaulinan, jeung rea-rea deui.

2. Kecap pagawean
     Kecap pagawean nyaeta sagala rupa kecap nu netelakeun pagawean. Contona dahar,  leumpang, nyieun, diduruk, sasalaman jrd.
Conto kalimatna "ushie jeung fikri keur leumpang ka kampus uniga".

3. Kecap sifat atawa kaayaan
     Kecap sifat nyaeta kecap anu nuduhkeun kaayaan atau sifatanana. Contona bangor, ipis, cureuleuk, gede, pikasebeleun, bodas, beureum, jrd.
Conto kalimat "Poe salasa ushie make baju beureum kapasar"

4. Kecap Katerangan
     Kecap katerangan nyaeta kecap anu mere katerangan kana kecap pagawean. Contona indit, beurang, gagancangan, buru-buru indit, bakal datang, hoream meuli, loba pisan, rada ngedul, jrd.
Conto kalimatna" Eva buru-buru indit ka terminal teh bisi katingalkeun elep".

5. Kecap Gaganti
    Kecap gaganti nyaeta kecap pikeun ngaganti ngaran atawa barang. Contona manehna, anjeuna, saha, naon iraha, jrd.
Conto kalimatna" Ushie balanya katoko manehna meuli pulpen loba pisan"

6. Kecap bilangan
     Kecap bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun wilangan. Contona hiji, kadua, kabeh, kasapuluh, samanggar, satolombong, tujuhan, salenjer, sataun, jrd.
Conto kalimatna " ushie mawa kalapa samanggar kagarut kanggo dosen basa sunda"

7. Kecap hareup
     Kecap hareup nyaeta kecap anu ditunda hareupeun kecap barang. Contona ka, di, ti, tina, dina, handapeun, jrd.
Conto kalimatna" pun bapa kamari mulih ti bangka belitung".

8. Kecap panyambung
     Kecap panyambung nyaeta kecap anu ngabogaan fungsi pikeun nyambung bagean-bagean kalimah atawa dua kecap anu sarua harkatna. Contona ngan, hanjakal, saturug-satutuh, najan kitu, padahal, pikeun, jeung, sabab, lantaran, tungtungna, sing horeng, jrd.
Conto kalimatna" doni teh pinter ngan hanjakal goreng adat"

9. Kecap sandang
     Kecap sandang nyaeta kecap anu miboga pancen pikeun nganyahokeun anu can tangtu. Contona boa-boa, jrd.
Conto kalimatna " eva teh teu sakola online boa-boa mati lampu"

10. Kecap panyeluk
       Kecap panyeluk nyaeta kecap pikeun nembongkeun rasa. Contona euleh-euleh, eum, ih, edas, aya deui kecap panyeluk anu nuduhkeun sora barang contona dar der dor, neng neng neng (sora bel), jrd.
Conto kalimatna "euleh-euleh neng ushie teh gening meni getol beberes dibumina teh"

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Bahasa Selengkapnya
Lihat Bahasa Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun