Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Imah Hujan, Sajak Sunda Oom Somara de Uci

4 Januari 2011   12:58 Diperbarui: 26 Juni 2015   09:58 662 0
Sore nu turun dipapag widadari. Ngaliwatan katumbiri. Lir ceurikna Dewi Gandari mangsa rengse perang tanding. Ngungun dina pigura waktu. Hateup langit tembong rarangkay

Galengan rambisak keneh. Pulas pias balas lidig. Saparo ruhruy dieunteupan gaang. Nyurung sarigsig pager awi. Kenteng panyaweran nyesa cihujan. Anjeun anteng ngajanteng nganti muragna

”manik-manik kintunan para Dewa”, ceuk anjeun. Nyatet rongkahna Kurusetra. Ngungun dina pigura waktu








2010

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun