Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Wilujeng Angkat

25 Oktober 2021   05:09 Diperbarui: 25 Oktober 2021   05:22 1422 3
Wilujeng Angkat
Kang Yoga

Basa salira percaya
Deudeuh nu meukeut raga
Asih nu geus matri na jiwa
Kedal rasa di taman tresna

Jentreng kacapi rasa
Mirig galindeng lagu tresna
Endah alam dunya
Nalika salira wakca balaka

Takdir teu bisa dipungkir
Kadar teu bisa disinglar
Kiwari salira mulang
Dipundut ku Gusti

Innalilahi wa inna ilahi rojiun

Wilujeng angkat
Mugia bagja di alam kalanggengan
Tinekan nu diseja
Mungguh kenging rido Gusti
Salawasna

Purwakarta.25102021.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun