Mohon tunggu...
Kompasiana Cibinong
Kompasiana Cibinong Mohon Tunggu... Guru - Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Ngarawat Basa Sunda, "Pa Djadjas, Kumaha Damang"?

13 Juli 2019   07:04 Diperbarui: 13 Juli 2019   07:19 4
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.


                                          
"Pa Djadjas, kumaha damang?"
"Alhamdulillah, sae"
"Kumaha Dary?"
"Abdi ge damang"
"Sok Atuh Dary nyarita deui, pan parantos hebat ayeuna mah."
"Apah Pak parantos teh? Udah, ah Pak, abdi mau ke sana dulu".


Ana teras diajak ngawangkong leuwih panjang eta budak kelas opat SD teh kalahka ngaberebet muru kantin sakola. Tayohna mah lapareun. Atawa, boa-boa boseneun gunemcatur jeung guruna.


Ku kitu ku kieu, saenyana mah kuring teh reueus bin reugreug. Polah budak kitu teh kawilang jarang kajadian di sakola-sakola kota. Estu pikayungyuneun. Kuring asa, sumuhun asa, asa geus jadi guru enyaan.
Teu kitu kumaha, ngajak nyarita ku basa Sunda ka barudak sakola di kota teh kakolomkeun bangga bin hese. Dalah di rohang kelas oge ngajarkeun basa Sunda teh kudu rea pepeta, ngabodor, turta rada ngayunkeun kahayangna.


Upama teu kitu, wuih, barudak teh lainna ngabandungan pangajaran, nu aya kalahka garandng pacowong-cowong. Kelas badis lapangan bola da dipake ajrag-ajragan lulumpatan, heureuy sempal guyon sakarep ingsun.


Tapi, ari disabaran mah teu burung budak teh jadi leuleuy. Saeutik-saeutik bae mah aya nu mirosea sarta leuwih daria dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda. Malah, pangajaran di kelas nu kaheungheum ku barudak teh sok langsung dilarapkeun dina kahirupan nyata.


Muhun, cara Dary, ngaran lengkepna mah Dary Muhamad Putra, mangrupa salah sahiji contoh budak wanter. Tina cutatan di luhur ge atra katara, basa Sunda nu dikawasana teh ngan sakitu-kituna sarta masih eces basa kamalayonna.


Tapi, kuring muji ku kawanina. Beda ti nu rea. Inyana daek nyarita ku basa Sunda, padahal diri jeung babaturanana th kakolomkeun generasi henpun canggih. Entragan nu umumna kakeumeuhan sarta malar kabandang ku budaya materi.


Padahal, budaya nu jebulna ti Barat teh teu gembleng goreng. Eta mah gumantung saha jeung kumaha nyanghareupanana. Sumuhun, cara peso, ku kaum kriminal mah peso teh dijadikeun pakarang pikeun nodong atawa kajahatan, tapi ku kaum ibu di dapur mah peso th jadi pakakas utama pikeun kurat-keureut kana bangsa lauk atawa lalab rumbah.


Tah kitu oge kana budaya Barat nu salah sahijina nawarkeun rupi-rupi teknologi. Sangkan Dary saparakanca atawa sing bae daek turta perceka nyarita basa Sunda nya teknologi teh dijadikeun salah sahiji media pangajaran.


Hape ngaliwatan sms, facebook, sarta media sejenna hantem jadi tempat kampanye nu murah, genah, turta dipiharep jadi barokah. Teu pira, dina facebook atawa sms teh ukur ngirim sisindiran modl:


Peuyeum Bandung nganggo ragi
Digulaan sangkan nikmat
Meungpeung urang gaduh rijki
Ulah lali fardu jakat

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun