Mohon tunggu...
Ahmad Sahidin
Ahmad Sahidin Mohon Tunggu... Freelancer - Freelancer

Alumni UIN Sunan Gunung Djati Bandung

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Dinamika Sejarah Umat Islam Indonesia

26 November 2018   09:07 Diperbarui: 26 November 2018   09:42 152
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Humaniora. Sumber ilustrasi: PEXELS/San Fermin Pamplona

Alhamdulillah, tadi wengi beres maca buku Dinamika Sejarah Umat Islam Indonesia karya Kuntowijoyo. Kakoncara ahli sajarah jeung sastra. Anjeuna kiwari parantos ngantunkeun di Yogyakarta. Almarhum alatan gering parna. 

Pak Kunto, numutkeun abdi ilmuwan anu motekar. Sanajan teu diajar intensif ngeunaan ilmu-ilmu Islam (dirasah Islamiyyah), anjeuna gaduh sumangeut anu ngagedur dina widang kaislaman. Anjeuna henteu asal cumat comot hadis atanapi ayat Al-Quran, tapi diteuleuman dugi tiasa nyandak saripati eusi eta dalil. Teras dihubungkeun jeung tiori-tiori elmu sosial. Hal ieu katingal pisan dina nitenan dinamika urang Islam di Indonesia.

Buku "Dinamika Sejarah Umat Islam Indonesia" ngawitan medal taun 1985. Teras dicitak deui taun 2017. Kandelna 202 kaca. Eusina lima welas makalah seminar sareng refleksi anu kungsi dipedar dina uleman gotra sawala. Isu anu diguar perkawis tarekah urang Islam mayunan zaman industri,  zaman elmu anu rasional, jeung ngaronjatkeun martabat urang Islam di Indonesia.

Pak Kunto dina eta buku gaduh tilu kamandang ngeunaan sajarah Islam Indonesia. Sajarah urang Islam dimimitian ku mitos anu percanten kana kasaktian pepentol Islam, sapertos dongeng para sunan jeung syeh. Ageman Islam dikaitkeun kana karuhun jeung kakuatan makhluk gaib. 

Namung aya tarekah tiasa lebet kana karajaan sareng urang Islam wantun ngalawan panjajah asing. Ngan masih keneh gumantung kana komando ti ajengan atanapi ulama. Masih percanten kana kasaktian pamimpin agama. Kumargi kitu urang Islam baheula langkung uninga ka ulama sareng kyai di kampungna batan wanoh ka Muhammad Rasulullah saw anu ngawitan nyebarkeun Islam di bangsa Arab. 

Urang Islam dina zaman mitos sifatna tumut kana sagala rupi anu didugikeun pamingpin. Dugi ka wantun masrahkeun nyawa melaan pamingpin anu karismatik.

Salajengna sajarah urang Islam Indonesia, sabada karajaan-karajaan aya dina zaman ideologis. Hal ieu kabuktos dina mangsa merangan panjajah teras ayana orhanisasi politik sareng ekonomi sapertos Syarekat Islam, Masyumi,  NU, Muhammadiyah, jeung anu sejenna. Urang Islam henteu tumut deui ka pamingpin karismatik, tapi atos ngartos kana  kabangsaan. 

Perkawis ieu urang Islam janten komoditas pulitik orhanisasi, dugi ka nanjeurna Indonesia janten nagara. Dina ieu hal aya kontribusi ti urang Islam anu aktif di orhanisasi-orhanisasi agama atanapi pulitik.

Anu panungtung numutkeun Pak Kunto, nyaeta elmu. Mun nilik zamanna sabada ngadeugna rezim orde baru anu dipingpin Soeharto. Urang Islam sabagean atos henteu nyalindung ka pamingpin agama anu karismatik, henteu oge ka organisasi, tapi ngandeulkeun kamajuan nagara sareng rahayat ku  tarekah tehnologi sareng pendidikan. Kiwari numutkeun tiori sajarah Pak Kunto mah aya di zaman elmu.

Perkawis tilu zaman urang Islam Indonesia ieu langkung eces tiasa diaos na buku "Islam sebagai Ilmu", "Paradigma Islam", "Identitas Politik Umat Islam" jeung anu sejenna. Pak Kunto na buku eta katingal ilmuwanna. Wantun nafsirkeun dalil agama Islam janten elmu anu tiasa diwujudkan dina widang kahirupan manusia. Numutkeun Pak Kunto mah agama Islam gaduh prinsip etis dina disiplin elmu sosial humaniora. Cobi geura aos buku-bukuna. *** (ahmad sahidin)

Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun