Mohon tunggu...
Inin Nastain
Inin Nastain Mohon Tunggu... lainnya -

Nikotin, Kafein, http://atsarku.blogspot.co.id/

Selanjutnya

Tutup

Bola

Abringkeun Bray…, Biru-keun GBK

15 Oktober 2015   17:55 Diperbarui: 28 Oktober 2015   13:34 148
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

“Njing, maneh ayeuna ngalinting deui euy? Ku naon?” celetuk Sabro teu assalamualaikum-assalamualaikum acan, ujug-ujug geus di gigireun si Sadul.

“Njing, heeuh euy. Uing ayeuna keur ngalinting deui Bro. Rek kamana maneh?” jawab Sadul, bari cendukul khusyu ngalinting bako nu meunang meuli tadi isuk di Sarkem (Pasar Kemis).

“Puguh ngahaja ka maneh Dul. Biasa, rek menta kopi, indomie rebus jeung sakalian ududna. Biasa tanggal paeh brayy, hehe,” eweuh benget era, si Sabro jawab saenyana wae.

Sok sanajan piheneugen, tapi bagi Sadul mah Sabro teh balad nu teu terkira. Kolobot, papir, cikopi langsung digeserkeun ka dekeut Sabro nu geus sila. Puguh wae, Sabro teh jadi atoh. Prung, akhirna dua jelma anu geus nye’es (CS an) ti leuik eta, ngobrol ngalor-ngidul. Sagala wae diobrolkeun. Tentang tatangga indekost anu sexi, tentang tukang warung anu cerewetna teu katulungan, tentang si Euis anu someah jeung sajabana. Teu katinggal oge obrolan tentang Persib.

“Jadi maneh teh ku naon ayeuna ngalinting teh Dul?” ku lantaran panasaran, si Sabro balik deui nanya alasan si Sadul ngalinting. Biasana, sok sanajan teu pinuh sabungkus oge, manehna mah pasti mawa Sampoerna Kretek.

“Uing keur hayang ngahemat euy Bro,” jawab Sadul bari ngejegres korek kayu. Pullllll. Kebul buled bijil dina irung jeung baham si Sadul.

“Njing, maneh rek kawin euy? Iraha euy? Maneh teu ngomong-nomong geuning?” jawab Sabro, bari tetep khusyu ngalinting.

“Njinggg.. Lain rek kawin euy. Uing ngalinting teh lantaran hayang nyisakeun duit keur meuli tiket Persib Dul. Hayang nongton pinal langsung ka GBK ,” jawab Sadul, tuluy nyuruput kopi klothok.

“Njing, he’euh nya. Uing teu kapikiran kadinya euy. Uing ge hayang euy nongton langsung ka GBK, sakali-kali mah. Piraku molototan layar tancep di harepeun imah wae saumur-umur teh,” jawab Sadul sumanget.

Geus jadi kebiasaan, mun ngobrolkeun tentang Persib, duanana oge pasti sumanget. Teu kalah sumanget na jeung komentator di tipi anu sok pikaseurieun ngomongna.

“He’euh atuh, buru maneh ge nabung saeutik-saeutik mah. Ngarah engke bisa ka GBK. Urang ABRINGKEUN kabeh, BIRU-keun GBK,” jawab Sadul teu kalah sumanget.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Bola Selengkapnya
Lihat Bola Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun