Lihat ke Halaman Asli

Atep Yogaswara

Menulis adalah ungkapan rasa

Harepan

Diperbarui: 14 Agustus 2021   06:47

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

FikminHAREPAN
Januari dua rébu dua puluh hiji. Hujan maseuhan bumi méh unggal poé.  Hujan ti janari leutik téh geuning bet jadi citangis, sedih kingkin sumanding na diri sajeroning jajap kasono nu teu laas najan raga pajauh.
Hujan lir ngahariring dangding katresna, silih matrikeun kaasih, nyimpaykeun kanyaah, maheutkeun kadeudeuh, pengkuh pageuh sapapait, samamanis, antara urang dina pengkuhna kasatiaan
Sabot nganti raat hujan,  ngumbar tineung, ka mangsa nu katukang. Urang pada-pada miang ti tempat nu patarenggang, mapay simpay muru waktu anu pajauh. Horéng  tepung di luhur panggung. Duka saha anu ngadago, ngan nu sidik jonghokna lebah sisi panggung, kedal lisan jangji basajan, hayang lana babarengan
Sabot nganti raat hujan, urang nyawang ka mangsa nu bakal datang, imah jeung pakarangan geusan bumetah, sanggeus capé ngitung léngkah, ngadongkang udagan. Sakapeung dibeberik kabingung, ngan urang teu weléh sabar, silih geuing dina kaiklasan dibarung tawakal da nampa rumasa.
Nyaan, hujan téh citangis, ngan lain pegat asih kasedih, sabab aya kénéh harepan, najan ukur dina tungtung carita tresna.

KangYoga.
Purwakarta.220121.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline