Lihat ke Halaman Asli

Ti Gadget Ka Lato-lato

Diperbarui: 15 Februari 2023   14:58

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

dokpri

   

    Ayeuna Lato-lato atos nyebar kamana-kamana salah sahijina di daerah Abdi nyaeta di perumahan Bogor Asri BLOK O5 kelurahan Nanggewer ,Kecamatan Cibinong, Bogor. Lato-lato dipaenkeunna teu saukuru ku barudak leutik hungkul, tapina ayeuna mah dipaenkeunna ku budak gede oge, salah sahijina nyaeta rerencangan abdi nu ngaranna Dafa maenna lato-lato, unggal poe unggal waktos maenna lato-lato, bisa di hareupeun imahna atawa di masjid oge anjeunna maen lato-lato bari nungguan komat.

   Abdi anu unggal poe ngadangu sora lato-lato anu boga sora ciri khas tak tok tak tok sabenerna ngarasa kaganggu, lantaran waktos anu kuduna dipake kanggo istirahat, atawa diajar nu kuduna fokus, tapi teu bisa ku pedah sora lato-lato eta. 

     Tapi ditempo tina sisi anu lainna boga loba mangpaat hususna kanggo barudak, manfaatna teh nyaeta: nu kahiji, barudak contohna Annisa, Kekey, Fani bisa jauh tina dampak negatif HP(l (gadged). Ayana lato-lato ieu bisa ngawangun interaksi sareng rerencangan, saacan aya lato-lato ieu barudak teh biasana unggal poe ngan gogoloeran dikamar, nyoo hp.

    Atuh da ayeuna mah rerencanganna pun Adi nu ngaranna Kekey lamun nyampeur pun Adi oge bisa nyampeur make sora lato-lato. Abdi anu awalna ngarasa kaganggu nepi ka kesel ku sora lato-lato eta, ayeuna mah abdi panasaran cara maenkeun lato-lato, tuluy abdi nyobian lato-lato anu pun Adi nu ngaranna Annisa, pek teh maen lato-lato teu sagampang anu dikira, butuh kosentrasi. Jadi lato-lato teh bisa ngajieun kesel bisa oge ngajieun bungah lamun bisa maenkeunna. 




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline