Lihat ke Halaman Asli

Ahmad Sahidin

Alumni UIN SGD Bandung

Bahagia Wafat Saat Ibadah (Bagja Pupus keur Ibadah)

Diperbarui: 4 Maret 2020   20:30

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Filsafat. Sumber ilustrasi: PEXELS/Wirestock

Salamun 'alaikum. Saya ceritakan ini renungan, terkait kematian (wafat). Sengaja saya tulis dalam bahasa Sunda karena ini berhubungan dengan program diri sendiri yang ingin menghidupkan tulis menulis dalam bahasa daerah. Selamat membaca. Ceritanya diawali dari sini:

Senen malem salasa kamari, aya bewara ngalangkungan pangeras suwara ti masjid cakeut rorompok. Ngabewarakeun aya anu pupus, nyaeta anu sok meresihan masjid jeung ngawulang barudak ngaos sabada maghrib.

Anu pupus teh parantos sepuh yuswana genep puluhan. Anjeuna katelahna Bu Haji. Tatanggi na nyebatkeun Bu Haji rajin puasa sunah (Nabi Dawud as) jeung anu pangpayunna mun sumping pangaosan ibu-ibu di masjid. Saur tatangina, Bu Haji pupus sabada buka puasa (ifthar) sareng shalat maghrib. Anjeuna ngaraos kirang sehat teras bae mulih ka bumi. Bu Haji pupus, kapendak ku kulawargina nuju nyepeng Al-Quran. Rupina nuju maos Al-Quran teras dipundut ku Gusti Allah Ta'ala.

Simkuring sareng pun bojo ngalayat ka bumina. Layon parantos ditutupan samping kebat. Di sakuriling layon seueur anu maos Yaasin sareng Tahlil. Simkuring oge satiasa tiasa ngiring maos Alquran, shalawat, sareng du'a.

Sabada ti bumi almarhumah, simkuring ngalenyepan anu dicarioskeun ku tatanggi ngeunaan Bu Haji anu pupus na kaayaan ibadah. Bagja mun kuring maot dina kaayaan ibadah. Dina obrolan sareng bojo, kuring mikiran kontribusi naon anu geus dipidamel keur umat.

Simkuring, sakedikna kantos diajar agama di UIN Bandung. Ngan dugi kiwari teu acan tiasa ngawulaan umat ku elmu anu nyantel na otak jeung hate. Henteu acan gaduh kontribusi anu sifatna ikhlas. Masih keneh butuh ku honor dunya keur nyambung hirup sadidinten. Sesah bade ngawitanna. Saleresna dina manah kuring aya kreteg hoyong ngajarkeun ilmu-ilmu agama Islam, hususna ka murangkalih di kampung. Ngajar agama anu buruhna kanggo candakeun jaganing di aherat. Ieu nembe kreteg na manah. 

Ah, sugan jeung sugan tepang waktos anu mustari. Mobok manggih gorowong. Anu engke jaga kuring henteu beurat nalika ditaros ku malaekat ngeunaan elmu anu parantos diala jeung diulik di UIN Bandung dugi kiwari. 

Alhamdulillah sakedikna hasil maca buku anu dilakonan unggal dinten mah sok diserat janten artikel pondok anu dilebetkeun na kompasiana jeung blogspot.

Pamugi Allah Ta'ala ngahapus dosa Bu Haji sareng kenging syafaat ti Rasulullah Saw. Mugi kuring sakulawargi aya dina panangtayungan Allah Subhana wa Ta'ala. Aamiin Ya Robbal 'alamiin.*** (ahmad sahidin)




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline