Mohon tunggu...
Efendi
Efendi Mohon Tunggu... Wiraswasta - Hiking

Hobby hiking, baca buku, menulis, mendengarkan musik tradisionil Kecapi, Suling Sunda, pop, klasik.

Selanjutnya

Tutup

Sosbud

Sabulan Turun 20 Kg

22 April 2021   04:41 Diperbarui: 22 April 2021   05:01 143
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Sosbud. Sumber ilustrasi: KOMPAS.com/Pesona Indonesia

*Turun 20 kg dina Sabulan*

"Meser karbit 3 kg." saur ceu Hasanah nu gendut bayuhyuh (lain ngaran sabenerna), bari imut ngagelenyu. Salakina Tukang Las Karbit di Pager Ageung. Dua tilu poe sakali manehna meuli karbit. Manehna geus jadi langganan toko sim kuring mang taun-taun. Dina hiji poe manehna, pleng les teu balanja aya sabulan leuwih. Tadi beurang pas toko keur sepi aya sora "meser karbit 3 kg" atuh gebeg kana hate ieu sora nu geus apal kacida. Bareng kuring ngalieuk, aya hiji awewe satengah tuwuh keur imut, awakna ruksak, jangkung begung, kulit leungeun ngagulambir. Kuring olohok sajongjonan, tuluy ngomong ieu teh ceu Hasanah, gering naon? " Gering hate, awak turun 20 kg, si akang gaduh nu ngora, tatangga hareupeun imah."   Bari imut nu pait. mata jiga aya kacaan. berele manehana nyaritakaeun lalakon sangsara, teu bisa sare,  teu hayang dahar,  teu hayang hirup.

Saprakna ti harita manehna ngaleungit tara ka toko balanja. Kabejakan miceun maneh, di gawe ka Arab.

...... Nyeri, nyeri teuing moal beunang diubaran
kajeun tutumpuran, paeh oge teu panasaran............

Aya nu hayang turun 20 kg sabulan?

Efendi 180421

Mohon tunggu...

Lihat Konten Sosbud Selengkapnya
Lihat Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun