Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Vox Pop Pilihan

Karpridey Munggaran: Si Jangkung, Si Jupi Jeung Lalaki Rancunit

13 Maret 2016   17:23 Diperbarui: 13 Maret 2016   17:25 122
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

[caption caption="Maenya demonstran wae nu popotoan di HI | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Ngiuhan di Jakarta

Panon poe teu karasa beuki naek ka luhur. Wanci kira-kira ngaluluh taneuh. Najan karek jam dalapan, hawa Jakarta teh panas, rada ngaheab. Komo pas meuntas nu anggang ku kalangkang tatangkalan atawa wangunan agreng. Ngan pas mun aya di iuh kalangkang, cep, hawa jadi malik tiis. Nyaan, tiis pisan dibandingkeun jeung panas ngaheab tadi. Komo mun dibarengan angin ngahiliwir. Endah naker ieu dunya. Nya di tempat nu loba kalangkangna, nu iuh, kuring jeung si Ade loba cicing. Ngabubur heula. Nilik-nilik oray jeung kadal nu sisikan jeung buntutna panjang. Atawa ngahaja diuk di gigir, nempo nu lalar liwat.

[caption caption="Dipoto dinu iuh-iuh | Rifki Feriandi"]

[/caption]

[caption caption="Oray, iguana, kadal oge ngiuhan | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Lalaki rancunit

Ngadeukeutan Bunderan HI, katempo ti kajauhan hiji lalaki, leumpang nyorangan. Ngora tah lalaki teh. Ti tukang wae geus jentre ieu lalaki teh rada beda ti nu lain. Naon nya nu beda teh. Lain pamenteu da karek kaciri tonggongna wungkul. Ngan jigana papakean manehna nu ngajadikeun rada beda teh. Calana pondok sereg. Kaos ngapas awak. Kulit beresih. Rambut rapih, kaayeunakeun – kekinian meureun. Ti hareup kaciri panonna make kacamata hideung. Ieu meureun nu ngarana metrosexual. Jajaka nu kaciri beda pisan ti lalaki lain nu aya di sakurilingeun.

[caption caption="Anjing oge Ce-ep-dean | Rifki Feriandi"]

[/caption]

Balik deui ka Senayan, di jalan leumpang dua jajaka. Sarua jika lalaki nu tadi. Manehanana anteng ngobrol duaan. Ah, teu dipalire. Meureun sobatna, sanajan asa rada kumaha kitu. Rada pageye-geye. Waktu ngaliwatan nu iuh, kuring jeung si Ade diuk rada lila. Eh, teu sapatara lila, eta lalaki nu duaan teh diuk teu pati jauh. Eta lalaki teh meureun mun awewe mah disebutna teh rancunit. Kasep teuing. Kulitna bodas teuing jang lalaki mah. Calanana ngatung diluhur bitis. Leungeunna rada gede, jigana ulinna ka gym wae. Leungeun kaosna mereketet. Sapatuna beureum euceuy. Kaos kakina koneng.  Kacamata hideungna teu leupas tina beungeutna, nu teu weleh imut. Teuing atuh, artis atawa lain. Manehna duaan ngahaja hayang dipoto jeung anjing alus nu keur diajak leumpang ku dunungannana. Alus anjing teh, nu hiji hideung galing muntang, nu hiji coklat saheab. Manehna duaan ngagaya jeung anjing. Deui, pageye-geye. Is...maksudna, anjingna nu pageye-geye.

Beuh, boa-boa anjingna teh ... Ah, teuing atuh.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Vox Pop Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun