Mohon tunggu...
KOMENTAR
Pendidikan

Imah dina Wanda Komunitas

28 Maret 2014   15:18 Diperbarui: 24 Juni 2015   00:21 30 0
Panganteur
Mun ninggali bahasan Cupumanik edisi No 91, Taun VIII, No 7, Pebruari 2011, aya data anu dijentrekeun tapi matak nyelekit: ”di Bandung wungkul aya 421.435 urang fakir miskin jeung 31.975 urang nu cicing di imah anu teu layak huni”.  Samentara di Pusat, pamarentah ngagagas imah murah anu hargana antara 20-25 juta, jang tipe 36. Imah murah eta ditujukeun keur maranehna anu ngabogaan penghasilan 1-1,5juta per bulan.

Kuring mah miris, ninggali eta konsep teh. Sabab naon? Aya sababaraha alesan, ngan anu sederhana mah nyaeta: berarti imah murah tetep lain ditujukeun jang jalma anu datana disebut di luhur. Sabab maranehna anu panghasilana teu tetep, pamohalan bisa lolos dina ngameunangkeun eta imah—“elijibilitasna handap!”, ceuk Bank teh. Tangtu masalah ieu beuki ngahuyud mun ditambah ku masalah liana kayaning tanahna, masyarakat anu dituju salaku subyekna, jeung sajabana.

Kuring ngritik eta konsep ku sabab geus teu parok jeung kaayaan tur kebutuhan riilna. Ku sabab kitu, kudu aya torobosan konseptual anu rada revolusioner, orginal, jeung kaluar tina kungkungan anu biasa. Sabab konsep imah murah tea, lain ngan wungkul moal bisa kahontal ku jalma leutik, tapi oge kalah bakal ngaluarkeun masalah anyar saperti konflik agraria, konflik sosial, jeung sajabana.

Didieu kaparigeulan urang ditungtut. Diantarana ngadekonstruksi (mun nginjeum istilah Derida) konsep dasar ngenaan imah. Di mana imah anu salila ieu aya sok dibalikkeun kana konsep anu sipatna personal individual. Tangtu konsep ieu hade mun didukung ku tempat jeung kamampuan rahayat, tapi kumaha mun masalah taneuh jeung kamampuan pribadi rahayat eta kurang?

Imah Komunitas


Ti dieu kuring nawarkeun konsep “Imah Komunitas” (Bahasa Indonesia: “Rumah Komunitas” atawa “Rumah Bersama”). Beda jeung imah biasana, Imah Komunitas estu bisa dijieun ngaliwatan alpukahna Pemda atawa Pamarentah Pusat, tapi make taneuh anu salila ieu geus ditempatan ku warga masyarakat. Conto imah di kawasan ‘kumuh’, atawa teu layak huni eta.

Anu ngabedakeun “Imah Komunitas” jeung imah anu biasa aya dina sababaraha ciri, nyaeta: Kahiji, imah komunitas dipimilik sacara babarengan. Sok sanajan di jerona aya ruangan—kuring ngajukeun mung kamar wungkul anu sipatna privat—anu jelas dikuasai ku hiji kulawarga, tapi ruangan lain kayaning tempat dahar (ruang makan), dapur, jeung ruang kulawarga, eta dipake sacara babarengan. Itungana kieu: mun hiji imah ngaalokasikeun eta ruang teh legana sacara agregat 20 M2 bae, mangka mun 20 kulawarga geus meakeun lahan salega 400 M2. Coba mun eta dijadikeun ruang babarengan, paling ngan butuh ruang salega 100 m meureun, atawa kurang. Ti dieu bisa ngahemat 300 M2 . Kitu deui masalah biaya, boh listrik cai, jeung sajabana.

Kedua, imah komunitas ieu tangtu kudu dirojong ku pamarentah dina masalah integrasi sosialna. Sabab memang teu gampang ngahijikeun puluhan kulawarga dina hiji area anu biasana dipisah-pisah. Tapi urang bisa ngamimitian ti komunitas anu tingkat kasaruana cukup kuat, saperti komunitas suku bangsa, atawa asal daerah, profesi, jeung sajabana. Sahingga bisa ngaminimalisir friksi dina eta komunitas anyar tea.
Katilu, ku sabab kitu, di satiap imah komunitas ieu pamarentah kudu nempatkeun saurang ‘pendamping’ atawa fasilitator anu bisa ngalakukeun transpormasi komunitas di masing-masing kulawarga anu jadi target program. Fasilitator ieu bisa di LSM, atawa kerja bareng jeung paguron luhur dina praktek KKN terpadu. Salian ti eta, kulawarga anu ngan cicing di imah, dina harti teu gawe kaluar, di komunitas eta bisa diberdayakeun leuwih jauh, saperti dibere rupa-rupa katerampilan anu bisa ngaronjatkeun diri jeung kulawargana.

Kaopat, sok sanajan dihijikeun, anu ulah poho nyaeta tetap kudu aya ruang terbuka hijau saperti playing area, atawa tempat nendeun barang saperti gudang. Jadi di jero imah estu ngan wungkul parabot anu saperluna wungkul jang maranehna.

Praxis


Mun pamarentah wani ngalungkeun ieu program, terus nyieun pilot project-na, kuring yakin, sabagean masalah kabutuh imah bisa dianggeuskeun. Khususna maranehna anu salila ieu kamarginalkeun tina program pamarentah.

Sabenerna aya kauntungan lain anu bisa dipetik dina imah komunitas ieu sacara RTRW, nyaeta: kahiji, kawasan kumuh beuki lila bakal leungit kaganti ku flat atawa imah komunitas anu pantes tur payus jeung tata kota. Sabab anu kabayangkeun ku kuring, imah ieu dijieun antara 4 atawa lima tingkat, anu tiap lanteina hiji komunitas anu lobana 20 KK atawa leuwih saeutik. Berarti sagedung bae geus bisa kurang leuwih saratur KK. Berarti mun keur Bandung, pamarentah ngan ngabutuhkeun kurang leuwih 64 geudong Imah Komunitas.
Kadua, perkara biaya, pamarentah bisa ngaalokasikeun tina APBD jang ngawangun eta imah. Mun sageudung butuh dana 2 milyar, berarti jang modal awal pamarentah bisa ngaluarkeun anggaran Rp. 128 Milyar. Biaya ieu pasti balik, sok sanajan teu ngajamin sakabehna.  Sabab sakabeh komunitas anu bakal narima ieu program, lain narima imah haratis, tapi nyicil sakamampuhna.

Panutup


Ngabogaan imah anu pantes tur privat, tangtu jadi impenan loba jalma. Anu mampu sacara dana, hal eta bisa diatasi ku pendapatan anu cukup. Tapi jang warga anu kurang pendapatan, tangtu pamarentah kudu turun langsung ngabantu.
Imah Komunitas ieu mibanda aspek strategis boh sacara budaya, sosiologis, oge ekonomi tur kasajahtraan. Teu salah mun pamarentah Jawa Barat ngabogaan wawanen jang ngalaksanakeuna. Cag.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun