Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi Pilihan

Puisi | Ti Tawang ka Leuwiceuri

5 Desember 2019   23:54 Diperbarui: 5 Desember 2019   23:51 28 2
Ti Tawang ka Leuwiceuri
Lalaunan
Kuring ngahjah hujah
Nu leungit dipupus hujan
Aya nu katarima
Aya nu teu bisa dibaca pisan
Kitu ta kahirupan

Ti Tawang ka Leuwiceuri
Meumeueusan
Kuring nnjoan kalangkang
Nu samar
Handapeun bulan sapasi
Lebah luhur ssa ngimpi
Teu paduli seukeutna angin

Ti Tawang ka Leuwiceuri
Ngeteyep
Nyiar nalangsa
Dina panon peuting
Ngeclak tunggara
Mapay kapeurih
Nang tempat keur ngiuhan

Ti Tawang ka Leuwiceuri
Ti anggang nepi diri
Mapasan kolbat jalan
Arah ka Nu Maha Suci
Teu jauh ti pangdiukan
Deukeut pisan
Panineungan

Ti Tawang ka Leuwiceuri
Ti lawang pantona Jati
Kasawang pahna diri
Ngalongkwang bari nyepi
Swang-swangan ngabukti
Nyorangan deui
Nungguan papasti

el, Ds 2019

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun