Mohon tunggu...
Iwan M Ridwan
Iwan M Ridwan Mohon Tunggu... Seniman - Akademisi & Praktisi Media

Menulis artikel, sastra dan film

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

SAPATU FLAT BOOTS

5 Juni 2023   13:05 Diperbarui: 5 Juni 2023   13:31 252
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Karesepna make sapatu flat boots buludru. Pulasna rupa-rupa, coklat, beureum ati, hawuk tepi ka pulas gondola. Samalah pulas kayas oge remen dipake. Pulas hideung mah nya karesepna. Biasana flat boots buludru teh diadumaniskeun jeung calana skinny jeans. Saruwa warna-warni. Ari bajuna cukup ku kaos oblong polos, boh bodas boh disaruwakeun jeung sapatuna. Lebah beuheungna semu gomlang. Tembong pakulitanana semu ngaborelak, dikangkalungan ku rupa-rupa unak-anik barudak ayeuna. Sakapeung kalung bueuk tina stenles, sakapeung bulan sabit tina batok kalapa anu disirlak. Rap we make cardigan, sawarna jeung sapatu lamun teu sawarna jeung skinny jeans anu dipakena oge. Padahal ka kampus, lain ka konser K-Pop atawa kongkow ka tempat nongkrong. Bisa wae mamantes dirina teh. Kangaranan mahasiswa seni, papakean teh pada-pada boga model sorangan. Teu pati rea diatur ku kampus. Lain hartina dibebaskeun sadaekna. Aya ari aturan mah. Kudu rapih, ulah make sandal, sopan jeung sajabana. Ngan lebah kudu make naon-naonna teu dijentrekeun kawas di kampus umum anu kudu make itu ieu dina waktu-waktu anu ditangtukeun.

Faraditha, kitu ngaranna. Kiwari nincak semester opat. Keur meumeujeuhna sumanget ngampusna. Saban mata kuliah teu kungsi katinggaleun. Komo mata kuliah anu diasuh ku Pa Frily mah. Mata kuliah anu diampuna pengetahuan film. Elmu anu kiwari keur pada mikaresep. Tong boro Fara anu boga sumanget ngagegedur nyuprih paelmuan film, Si Paing anu kuliahna belang betong oge sok maksakeun milu kuliah sanajan bari datangna pangpandeurina. Majar teh hayang jadi aktor. Da eta mah saban aya kelas film teh teu weleh ngekting. Atuh batur sakelasna oge mani guyur da sok pada ngahaminan.

Fara mah rada cuaeun ka Si Paing teh, majar sok cunihin ka dirina. Remen ngadeukeutan bari jeung kurang sopan. Bogoh majarkeun teh ka Fara. Ceuk Si Paing, Fara teh mirip artis korea. Mirip Kang Ye-Won dina salah sahiji film action Korea. Utamana mangsa merankeun jadi anggota girlband anu manggung make helem. Cocog upama papasangan jeung manehna anu pajarkeun siga Lee Min-Ki pasangan dina eta film. Ngadenge omongan kitu teh Fara ngadadak hayang utah uger cenah. Mun mah Si Paing bageur jeung someah oge manehna moal ieuh ngarasa kapincut sabab hatena geus kabandang ku nu gandang, Pa Firly cenah. Kapincut dina patepung munggaran.

Bus duanana ka rohangan kelas anu geus rame ku mahasiswa. May jeung Sarlin asup ka jero rohangan ngaliwatan mahasiswa nu geus dariuk dina korsina sewang-sewangan. Gek duanana dariuk dina korsi anu masih kosong jajaran panghareupna. Salila May jeung Sarlin leumpang teh barudak sejen kadenge tingkecewis ngaromongkeun dirina. Aya anu nyebutkeun artis korea keur ngaliwat. Aya deui anu nyebutkeun sapatu flat boots-na anyar. Kituna teh bangun anu semu nghaeureuyan. May ngadilak ka nu tingkecewis. Beungeutna nyanghareup sakeudeung tuluy dipengkarkeun deui semu anu ngalageday. Ger atuh nu araya saleuseurian.

“Hanjakal euy Lee Min-Ki-na can datang,” ceuleungkeung sora Si Rajib anu keur uplek ngobrol di pojok hareup rohangan kelas. Barakatak sarerea surak.

“Naon, hayang dibaledog ku sapatu?” May ngadadak buringas.

Karek oge diuk May saharita nangtung bari mureleng ka nu ngaran Rajib. Tuluy dongko. Leungeunna ngalaan sapatu anu dipakena. Orokaya nu diancam rek dibaledog ku sapatu teh nyumput di tukangeun baturna. May ongkang-ongkangan rek salung-lungeun maledog. Si Rajib lumpat. Belewer sapatu flat boots ngalayang neunggar kana whiteboard. Pluk murak dina meja anu pernahna gigireun whiteboard. Korsina nyanghareup ka rohang kelas tempat mahasiswa dariuk. Si Rajib tibuburanjat muru lawang panto rek ninggalkeun rohang kelas. Ger deui nu araya di kelas surak. Tapi ramena teh eureun saharita sabab sarerea ngareret ka lebah Si Rajib anu meh-mehan nabrak jalma nu kakara anjong kana lawang panto. Sarerea ngeluk tungkul bari nahan piseurieun. Si Rajib alangah-elengeh bari dedepean.

“Tuh Pa, May, Pa,” pokna ti rengkuh-rengkuh. Kolesed manehna muru korsi tempat diukna.

May anu rek sajungjungeun nyokot sapatuna ngadadak beureum beungeut sabab kaperego ku Frily anu geus asup ka kelas seja muru ka tempat diukna. May ngatur napasna. Beuheungna tembong kawas anu neureuy ciduh garing.

Nyaksian jero kelas kawas kitu Frily gogodeg. Komo basa nyaksian sapatu flat boots May ngajojopong dina luhur mejana. Sarerea ngabetem. Biwirna kawas anu sieuneun bedah ku piseurieun. Komo Sarlin mah tayohna diukna gedengeun pisan May. Sakapeung bubuk seurina teh mawur teu kabendung dina jero bahamna.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun