Muka tabir anu raruweut
Muka jangji anu saroek
Muka diri anu pekeujeut
Muka ati tinu paroek
Tutup iri ku kanyaah
Tutup dengki ku kaasih
Pegat takabur ku syukur
Jajap pangarti ku alakur
Neangan anu pasti dinu kahirupan
Neangan anu sajati dinu pangbalikan
Sakabeh jalma owah kasasar
Anging ti Gusti anu dadasar
Sajatining rasa anu gaduh Rasa
Sajatining ati anu ngagaduhan Ati
Sajati ngabdi jembar ngaraksa
Sajati niat nyucikeun diri
***
#apoemaday_6
Beri Komentar
Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!