di sapanjang jalan HZ. Mustofa
kuring nuliskeun sajak ngeunaan Anjeun
aya nu make rima aya nu teu make ritma
nu pasti make cipanon nu ngeclak dina jajantung
di sapanjang jalan HZ. Mustofa
kuring macaan pepeling Anjeun
aya nu tulisanna hade aya nu teu jntr
nu pasti ditulis eces dina gurat nasib
di sapanjang jalan HZ. Mustofa
kuring ngukur langkah kadua Anjeun
aya nu loba jeblog aya nu teu puguh jugjug
nu pasti loba kaliwatna
di sapanjang jalan HZ. Mustofa
kuring ngitung kadeudeuh anjeun
aya nu disukuran aya nu teu nuhun pisan
nu pasti ayeuna kuring tinggal ceurikna
di sapanjang jalan ieu
kuring muragkeun kanalangsaan
kana lahunan Anjeun
tuluy nyegruk di pangsujudan
el, Okt 19
Beri Komentar
Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!