Mohon tunggu...
Kompasiana Cibinong
Kompasiana Cibinong Mohon Tunggu... Guru - Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Selanjutnya

Tutup

Sosbud

"Warga Nanggewer jeung Anggota DPRD Jabar Ngawangun Jalan Lingkungan"

4 Oktober 2019   08:56 Diperbarui: 4 Oktober 2019   09:14 19
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
(foto: asepwahyuwijaya.com / jabarekspres.com)

Ngawangun lembur teh teu kudu gumantung bae ka pamarentah. Warga bisa ngawangun lingkunganana ku cara rempug jukung sauyunan. Kaasup dina ngomean atawa ngabebenah jalan.

Hal eta nu dilakonan ku warga di Kampung Nanggewer Kaum, RT 3 RW 2, Kalurahan Nanggewer Kacamatan Cibinong Kabupaten Bogor, nu geus ngawangun jalan di lelewek nu padeukeut pisan jeung ibu kota Kabupaten Bogor.

Nurutkeun Ketua RT 3 RW 2, Ahmad Solihin, dirina katut wargana ngomean jalan teh geus dirarancang ti baheula. Ngan bae, Solihin nandeskeun, kakara ahir September 2019 kakara kalaksanakeun.

(foto: dokpri)
(foto: dokpri)

"Hayang ngomean jalan teh rarancang ti baheula. Geus sababaraha kali badami jeung warga satempat. Ngan kakara ayeuna kalaksanakeunana. Alhamdulillah, warga teh daek rereongan sarta dipigawena oge babarengan. Masih guyub keneh geuning najan Nanggewer geus jadi kota oge," ceuk Solihin reueuseun ningal kaguyuban wargana.

Saiwarahma jeung Solihin, Jajas, warga di eta tempat oge nyebutkeun, kalaksanakeunana ngomean jalan lingkungan teh alatan kaguyuban warga sarta dirojong ku sababaraha pihak.

"Muhun, salian wargana nu aktif, bisa ngomean jalan teh alatan abdi saparakanca nyiar biaya oge ka tokoh-tokoh nu sakirana tiasa mantuan, kaasup ka anggota DPRD Jawa Barat ti Fraksi Demokrat, Asep Wahyuwijaya," Ceuk Jajas.

Anggota DPRD jabar Asep Wahyuwijaya nyebutkeun, lebah ngawangun atawa ngomean jalan mah memang geus jadi kawajibanana minangka wakil rakyat sangkan sabisa-bisa ngawujudkeun aspirasi warga Bogor.

"Atuh tos jadi kawajiban abdi mantuan warga mah. Kaasup dina pangwangunan fisik jeung ngahudang kasadaran warga. Komo ngawangun jalan. Eta mah kalebet ibadah nu mugia jadi ladang pahala nu sae kanggo bekel urang di aherat. Mugia manfaat kanggo masarakat,"ceuk Wahyuwijaya nu kakara dilantik deui jadi anggota DPRD Jabar ti Dapil Kabupaten Bogor.

Dina prak-prakan ngawangun jalan di RT 3 dikokojoan ku tokoh satempat Djamirudin nu dibantuan ku Apendi sabalad-balad. Ngan mibutuh waktu sapoe kawangun jalan leuwih ti 150 meter kalayan dibeton. Nurutkeun warga jeung tokoh di Nanggewer Kaum bakal terus ngawangun lingkungan sarta satekah polah tetep sauyunan sabilulungan.**

Djasepudin, warga Nanggewer, Cibinong, Kab. Bogor

Mohon tunggu...

Lihat Konten Sosbud Selengkapnya
Lihat Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun