Â
Â
                                                          Â
Watir temen nanasiban barudak nu sumedeng nyiar atikan. Arinyana bet teterusan jadi korban. Pangpangna mah korban tina sawatara kawijakan nu jolna ti LSM jeung urang pamarentahan.
Barudak nu pantesna nyorang mangsa ulin-mancangkrama jeung papada baturna kalahka di rurudet ku rupa-rupa aturan. Barudak nu merenahna pepeta kana karesep sewang-sewangan kalahka diririwaan ku rupaning kapentingan.
Mun ditataan hiji-hiji mah nu jadi sabab murid sakola leungiteun mangsa barudakna lobana estu lain wawadulan. Tapi nu kiwari jadi bahan adu renyom mah perkara ujian nasional jeung sual pangajaran.
Kapan pangajaran nu jumlahna aya kana belasna teh dihenteu-henteu oge geus ngarampas alam pipikiran barudak. Kelas hiji SD bae nu biasana dina awal sakola teh ukur cacarakan nulis 'pager' ayeuna mah geus kudu bisa maca carita basajan atawa milang angka ka handap.
Alatan kudu gugon kana kurikulum nu dipedalkeun ku pamarentah pusat jeung daerah turta pangdongsok ti sawatara LSM, pangajaran nu kudu disanghareupan barudak ge ti taun ka taun terus ngarekahan.Â
Di Jawa Barat bae salian mulok wajib basa Sunda barudak di SD teh kudu diajar basa Inggris jeung Pendidikan Lingkungan Hidup.
Tangtu bae pangajaran utama kawas basa Indonesia, PKN, IPS, IPA, Matematika, Agama, Olahraga, jeung Kasenian mah mmang geus aya ti baheulana.Â
Teu cukup ku mulok PLH jeung muatan internasional basa Inggris, alatan pangdongsok sawatara LSM barudak ge kudu nyanghareupan atikan Pendidikan Antikorupsi.Â