Mohon tunggu...
Kompasiana Cibinong
Kompasiana Cibinong Mohon Tunggu... Guru - Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

"Selebritas jeung Napza"

15 Juli 2019   06:33 Diperbarui: 15 Juli 2019   09:28 9
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

(Foto: tribunnews.com)

Lemah cai geunjleung deui. Alatanana mah Badan Narkotika Nasional (BNN) ngagerebeg sajumlahing mahasiswa, pengacara, konsultan restoran, politikus, jeung slbritas di imahna Raffi Ahmad. Dierong Raffi sabalad-balad katohyan ngalegleg sabangsaning narkotika, psikotropika, jeung zat adiktif (napza).

Kabaudna slbritas ngagunakeun napza tangtu geus nyaraho. Ti mimiti aktris Zarina, tukang bodor Gogon, tepi ka aktor senior Roy Marten. Nya kitu oge nu dipilampah pajabat ekskutif, legislatif, jeung yudikatif. Aranjeunna ngonsumsi bangsaning ganja, sabu, atawa ekstasi.

Sayah percaya, nyandu kana napza teh nyaho pisan kana bahayana. Tapi, ku naon eta paripolah teh terus wae dilakonan? Nu eces, napza teh lain wae ngarugikeun diri pribadi, tapi balarea oge, utamana barudak jeung rumaja, terus-terusan jadi korban.

Naha api-api teu ngarti, pan selebritas teh sarengkak-saparipolahna remen diturutan ku nu migandrungna. Kangaranan nu migandrung, aranjeunna biasa bebeakan takzim bin taklid tuturut kana nu dipilampah selebritas kameumeutna.

Komo pan kaayaan alam pikiran barudak mah can weweg pageuh. Barudak mah gampang kapangaruhan kana rupaning hal nu dianggap anyar. Can pati bisa ngayak atawa nimbang-nimbang kana hal nu dianggap alus-goreng, bener-salah.

Nya di dieu dipibutuh perhatian nu leuwih ti nu jadi sepuh, guru, jeung tokoh agama. Terangkeun ngeunaan napza. Ungkabkeun bahaya bahaya napza upama disalahgunakeun. Eceskeun sajumlahing pangaruh buruk ngonsumsi napza kawas nu  karandapan ku selebritas, atlet, atawa politikus.

Tangtu wae dina nepikeunana teh ku cara-cara nu rineh jeung pikaresepeun. Ngajarkeun ku cara otoriter jeung so tegas mah bisa kontraproduktif alias pelengkeung bekas nyalahan. Dina ieu tataran lian kudu nyaho kaayaan barudak urang oge kudu wawuh kana kamekaran dunya kiwari, kaasup urusan teknologi.

Husus mayunan barudak tingkat SMA/SMK para guru oge kudu rukun gawe jeung rengrengan pamarentah, utamana mah jeung para Ketua Rukun Tetangga (RT). 

Sabab barudak SMA ayeuna mah leuwih "motekar." Di antarana, ti babaraha taun katukang di Kota/Kabupaten Bogor aya barudak SMA ngahaja nyewa imah atawa kamar kontrakan. Eta kamar sewaan teh dijadikeun "markas" dina pabeubeurang. Nya upama mabal ti sakola teh ka kamar kontrakan ngaleosna.

Malah mah meneran waktu jam pulang sakola oge lain langsung balik ka imahna sewang-sewangan tapi ngarumpul heula di markasna. Kawasna hade wae upama ta markas teh dijadikeun pusat belajar non-sekolah.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun