Mohon tunggu...
Kompasiana Cibinong
Kompasiana Cibinong Mohon Tunggu... Guru - Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Selanjutnya

Tutup

Humaniora Pilihan

Cara Sunda Ngawangun Karaharjaan

20 Juni 2019   08:07 Diperbarui: 20 Juni 2019   08:23 32
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Humaniora. Sumber ilustrasi: PEXELS/San Fermin Pamplona

Cara Sunda Ngawangun Karaharjaan

Ku DJASEPUDIN

Laku hirup nu ngan tungkul kan napsu bari teu ngimpleng kadar nikmat, manfaat, jeung mudorotna mangrupa gambaran singget gaya hirup sabagian masarakat jaman ayeuna. Lain nyiar eusi, tapi leuwih mentingkeun gengsi jeung miharep puja-puji. Nu kitu teh asup kana kolom ngaberung napsu atawa kaleuleuwihi. Ngabelaan maksakeun, padahal kamampuan mah kacida kekerehtna.

Eta laku teu matut teh pikeun ngahontalna melaan rupaning cara, teu paduli ieuh patukangtonggong jeung undang-undang nagara, aturan lisan jeung tulisan di kamasarakatan, malah agama nu diagemna ge dianggap teu aya, tunggul dirarud catang dirumpak.

Eta polah teh teu wungkul didawamkeun ku masarakat kota, masarakat desa ge milampah hal nu sarupa. Maranehna teu mikirkeun proses nu kudu dilakonan, ngamimitian usaha teu bulak-balik dipikiran. Aris sabab, hasil ahir sangkan disebut hebat teh jadi sagalana. 

Buncir leuit loba duit sangkan dipiserab ku balarea tapi katelah buntut kasiran jeung gumede jadi salah sahiji cirina. Malah, bakating ku agulna, najan rea ketan rea keton, bru di juru bro di panto, barang atawa rajakayana teu nyababkeun dirina tingtrim paripurna, atawa bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai.

Padahal, pikeun ngahontal karaharjaan kudu milampah sababaraha hambalan, nete taraje nincak hambalan. Tapi, eta hambalan ge kudu dibaturan ku aturan nagara jeung didasaran ku norma agama, indung hukum bapa darigama.

Sabab, boh agama (Islam) boh budaya (Sunda) teu ngahulag umatna pikeun nyiar elmu panemu geus ngahontal karaharjaan tea, moal nyapek mun teu ngoprek, moal ngakeul mun teu ngakal.

Tapi Sunda ge ngawawadianan, elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna. Ayana kasaimbangan, sangkan teu tigebrus kana ngelmu sapi atawa ngelmu ajug.

Muhun, elmu sapi teh samiuk kana lampah owah bin teu matut, anapon elmu ajug teh pinter ngahotbah ka batur tapi dirina mah teu ngalakonan. Nu ngelmu sapi jeung ngelmu ajug awal-ahir bakal jadi korban tina ucapanana sorangan, tamiang meulit ka bitis, senjata maka tuan tea.

Sabab, rajakaya atawa elmu nu dipibanda upama teu diamalkeun kalayan hade, dipisadar atawa hanteu, bakal gancang musnah, leungit tanpa lebih ilang tanpa laratan.

Pan lebar, beurang peuting kukumpul rajakaya, tapi alatan urang lelewodeh, leungit saharitauen, gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.

Hal eta moal kajadian upama urang teu lali ka purwadaksi, teu mopoho keu wiwitan, teu poho ka bali geusan ngajadi. Sabab, manusa nu salawasna inget kana asal-muasal, dina ngalakonan kahirupan diperedih terus iatna turta dirina hantem manteng ka Pangeran, hirup dinuhun paeh dirampes, hirup katungkul ku pati paeh teu nyaho dimangsa, banda sasampiran nyawa gagaduhan.

Manusa nu poho ka wiwitan bari ngarempak rupaning aturan nincak kana kolom jauh ka bedug anggang ka dulang, urang kampung bau lisung, cacah runtah atah warah. 

Nu jauh ka bedug anggang ka dulang bisa dipastikeun salawasna tetep malarat, miskin elmu-miskin harta, kokoro nyoso malarat rosa. Hirupna ukur ngandelkeun batur, hirup ku panyukup gede ku pamere. Sabab, rupaning usaha nu dipilampahna ngan manggih jeung kakuciwaan, nete semplek nincak semplak.

Padahal, pikeun ngawangun karaharjaan teu salawasna kudu rea harta, nu pangpentingna mah manjang sinambungan, teku tea, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Sarat kulawarga atawa turunan ge lain hiji jaminan. Jadi pangusaha teu kudu terusing ratu rembesing kusumah alias turunan menak, ningrat, atau aristokrat. Manusa nu merdeka nu hayang maju mah teu agul ku payung butut, adean ku kuda beureum.

Individu nu hayang maju geusan ngahontal karaharjaan dina ngalakonan kahirupan ku mibanda saku rangkepan, ka hareup ngala sajeujeuh, katukang ngala sajeungkal, bobot pangayon timbang taraju, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laer asian.

Salian jujur jeung tekun, modal utamana teh hemat tea, bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gede tinggal makena. Malah, konsumsi dina kahirupan sapopoena ge kacida diitungna, kuru cileuh kentel peujit, huap hiji diduakeun. Prinsipna saeutik mahi loba nyesa atawa dahar tamba lapar nginum tamba hanaang. Sagala ucap jeung lampahna sabisa-bisa hade tur mangpaat, lain lantung tambuh laku lain lentang tanpa beja.

Upama geus kawilang sukses teu agul, teu gampang pindah pacabakan jeung pileumpangan deuih, kapan bisi tigebrus kana moro julang ngaleupaskeun peusing.

Cag.**

DJASEPUDIN, Guru SMA Negeri 1 Cibinong 

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun