Pan lebar, beurang peuting kukumpul rajakaya, tapi alatan urang lelewodeh, leungit saharitauen, gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.
Hal eta moal kajadian upama urang teu lali ka purwadaksi, teu mopoho keu wiwitan, teu poho ka bali geusan ngajadi. Sabab, manusa nu salawasna inget kana asal-muasal, dina ngalakonan kahirupan diperedih terus iatna turta dirina hantem manteng ka Pangeran, hirup dinuhun paeh dirampes, hirup katungkul ku pati paeh teu nyaho dimangsa, banda sasampiran nyawa gagaduhan.
Manusa nu poho ka wiwitan bari ngarempak rupaning aturan nincak kana kolom jauh ka bedug anggang ka dulang, urang kampung bau lisung, cacah runtah atah warah.Â
Nu jauh ka bedug anggang ka dulang bisa dipastikeun salawasna tetep malarat, miskin elmu-miskin harta, kokoro nyoso malarat rosa. Hirupna ukur ngandelkeun batur, hirup ku panyukup gede ku pamere. Sabab, rupaning usaha nu dipilampahna ngan manggih jeung kakuciwaan, nete semplek nincak semplak.
Padahal, pikeun ngawangun karaharjaan teu salawasna kudu rea harta, nu pangpentingna mah manjang sinambungan, teku tea, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Sarat kulawarga atawa turunan ge lain hiji jaminan. Jadi pangusaha teu kudu terusing ratu rembesing kusumah alias turunan menak, ningrat, atau aristokrat. Manusa nu merdeka nu hayang maju mah teu agul ku payung butut, adean ku kuda beureum.
Individu nu hayang maju geusan ngahontal karaharjaan dina ngalakonan kahirupan ku mibanda saku rangkepan, ka hareup ngala sajeujeuh, katukang ngala sajeungkal, bobot pangayon timbang taraju, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laer asian.
Salian jujur jeung tekun, modal utamana teh hemat tea, bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gede tinggal makena. Malah, konsumsi dina kahirupan sapopoena ge kacida diitungna, kuru cileuh kentel peujit, huap hiji diduakeun. Prinsipna saeutik mahi loba nyesa atawa dahar tamba lapar nginum tamba hanaang. Sagala ucap jeung lampahna sabisa-bisa hade tur mangpaat, lain lantung tambuh laku lain lentang tanpa beja.
Upama geus kawilang sukses teu agul, teu gampang pindah pacabakan jeung pileumpangan deuih, kapan bisi tigebrus kana moro julang ngaleupaskeun peusing.
Cag.**
DJASEPUDIN, Guru SMA Negeri 1 CibinongÂ