Mohon tunggu...
Kompasiana Cibinong
Kompasiana Cibinong Mohon Tunggu... Guru - Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Ngeunaan Kuring Jeung Mangle, Ti Bogor Ka Bandung

19 Juni 2019   06:33 Diperbarui: 22 Juni 2019   17:57 21
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Ngeunaan Kuring jeung Mangle, ti Bogor ka Bandung

Ku Djasepudin

Mimiti wawuh jeung Mangle teh ti jaman sayah di SMP. Kitu wa meunang ngilu minjeum ti tatangga nu jadi pagaw negeri. Ngan ba enyaan tara macaan warta, carita, komo deui bahasan kasundaan nu singsarwa beurat. Kitu wa ukur ngimeutan Adn Endul jeung Jang Encid yasana Kang Budi Ryanto (Karung). Kakapeungan macaan rubrik barakatak.

Taun 1999, rada gemet macaan eusi Mangle teh. Saprak nyuprih pangarti di Jurusan Sastra Sunda Unpad. Salah sahiji sababna ku Pa Hidayat Suryalaga, Kang Teddi Muhtadin, sareng dosen katut lanceuk-lanceuk entragan dijurung getol maca. Boh sastrana boh tiorina.

Rek macaan buku, koran, majalah, makalah, dimanggakeun pisan. Sakaresepna. Komo Pa Hidayat mah, saban tepang teh, boh di kampus di Jatinangor boh patepung di Bandung, nu ditaroskeunana teh sabudeureun "Nuju maca naon? Kumaha kamandangna?"

Enya wae, lain bae karasa resepna, tapi oge loba mangpaatna. Pangaweruh kana kasundaan rada nambahan, uteuk nu mintul oge rada kaasah. Atuh dina sakalina ngiring pajemuhan, ana jabung tumalapung teh teu hungkul heueuh-heueuh bueuk.

Upama di pabukon Fakultas Sastra Unpad, lolobana mah, rek mahasiswa Sunda rek mahasiswa jurusan sjn, lebah tungkul ngadeluk Mangle, nu dibaca teh umumna carita pondok atawa rubrik barakatak. Ari sayah mah leuwih miheulakeun rubrik kolom atawa esey. Carita pondok mah dipandeurikeun. Lain nanaon, sangkan ngeunah di ahir. Lamun dina barang dahar mah, puncakna teh nuang bagian daging pangeunahna.

Tah, jero taun 90 tepi ka awal taun 2000 mah lanceuk angkatan nu pangremenna midang dina Mangle lebah rubrik kolom mah nyata Dudy RS. Pangarang teureuh Sukapura nu kiwari jadi juru warta koran Kabar Priangan. Merulna karya Kang Dudy RS bisa mapakan kolom-kolom karya T. Bachtiar. 

Upama Kang Dudy mah leuwih napak kana pasualan sosial kamasarakatan dipakaitkeun jeung kabudayaan Sunda, Kang Titi mah sabudeureun elmu bumi, utama alam Jawa Barat. Aya deui Hawe Setiawan. Kang Hawe mah remen masualkeun sosial dumasar kana karya sastra Sunda. Malah judul-judulna oge osok asosiatif kana judul novel Sunda nu geus aya.

Ari nu narulis carita pondok jeung carita nyambung nu sayah wawuh bari apal jinisna, da sakampus, atawa kungsi ningal di kampus Unpad Jatinangor mah, di antarana Dian Hndrayana, Dede Syafrudin, Eris Risnandar, jeung Teddi Muhtadin. Harita, nu wawuh ngarana lantaran karyana remet dimuat mangl, tapi can apal dedeganana mah di antarana Darpan Ariawinangun, Dadan Sutisna, Budi Rahayu Tamsyah, Cecep Burdansyah, Tatang Sumarsono, Godi Suwarna, Holisoh ME, jeung Aam Amilia.

Hantem macaan karya aranjeunna, jorojoy   nurutan. Resep kawasna lamun tulisan sorangan dibaca ku nu lian. Sa-Jawa Barat deui sumebarna. Media legendaris deui. Ah, pokona mah upama kaparengkeun dimuat mah pastina bungah manah.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun