Mohon tunggu...
Dadan Wahyudin
Dadan Wahyudin Mohon Tunggu... wiraswasta -

Gembala sapi, suka bahasa dan menulis. Mengagumi keindahan natural. Lahir di Pagaden, Tinggal di Bandung, Garut Jurusan busnya, Hobi Makan dan Jalan-jalan di Cianjur \r\n

Selanjutnya

Tutup

Fiksiana

Kaos Hejo “Suramadu”

21 Agustus 2016   20:50 Diperbarui: 21 Agustus 2016   21:03 15
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Fiksiana. Sumber ilustrasi: PEXELS/Dzenina Lukac

Basa di Uninus pisan, kuring neundeun duriat ka Rika. Pon kitu deui Rika mindeng babarengan nalika kuliah. Lamun ka kampus sok patunggu-tunggu lebah péngkolan Kiaracondong. Tidinya leumpang duaan ka kampus bari ngobrolkeun naon waé. Di kampus pisan katrésna nu kakara mentuk kasiram ahirna sirungan tumuwuh subur nyangcang dina jero haté séwang-séwangan. Kanyaah kadeudeuh dua rumaja anu beresih can kalimpudan ku rupa-rupa kahayang.

Di kampus sok silih bantuan dina ngerjakeun rupa-rupa tugas. Anu teu bisa dipohokeun, Rika sok mungkus sangu pikeun kuring.  Mawa nyésakeun jatah manéhna pikeun kuring. Pikeun sarua budak kos, najan ukur dibanjur ku kuahna jeung sambel ogé, sangu Padang mah matak ngalimed.  Emh, bagja.  Sapuluh taunan kaliwat, kuring mah biasa mumuluk jeung sangu Padang téh lain bohong. Sanajan ukur kuahna.

Hanjakalna adat daérah kuring béda pisan jeung budaya Minang.  Budaya Minang mah kolot awéwé nu boga kawasa téh.  Jalur ti kulawarga indung nu kawasa nangtukeun nanaon dina kulawarga téh. Budaya matrilinéal téa disebutna.  Ari kolot lalaki mah taya hak   ilubiung.  Nu matak budak awéwé mun rék dikawin, sok dipénta maskawin sakitu mundingeun, kumaha kolot awéwé baé.

Ari kuring mah jalma ragap taya. Hayang kuliah sotén lain hayang pamér.  Maksakeun diri kuanjeun. Koréh-koréh cok hirup kolot di lembur ge.  Sanajan, alon-alon … alhamdulillah bisa nepi ka lulus. Cenah mun budak awéwé kawin ka salian jeung urang Minang, dianggap leungit, bakal diapilainkeun, pangpangna ti kulawarga teureuh indungna.

Nu matak basa kuring kabéjakeun hahadéan jeung Rika, kolot Rika mah teu panuju. Eta wé harita, basa kolotna nganjang ka Bandung, kuring ngahaja nepungan kolotna di  Buahbatu. Bener wé, pasemona kawas nu ceuceub. Sanajan mawa oléh-oléh keur mahugi, kuring teu dilieuk-lieuk acan. Sumawona gumujeng mah.  Basa ngajak sasalaman nepi ka diképéskeun. Néng Rika kaisinan.  Manéhna ngabeubeurah haté kuring tong diemutan. Majar téh wajar wé acan kenal.  Kasakséni ku kuring, Rika terus meredih ka indungna ngarah bisa béar narima kuring nu harita ngahaja tatamu. Harita nepi ka  pamitna.

“Dupi ayeuna bati sabaraha jeung carogé urang mana?...” Kuring ngawanikeun manéh nanya sual pribadi Rika. Rika ngawanikeun ngadongak tanggah, neuteup  kuring. Pameunteuna ceuleuyeu nahan kasedih.

Kuhanjakalna, harita pisan Rika sapok-pokeun rék ngajawab pananya kuring, kapegat ku Panitia ngawawarkeun yén sakumna pamilon konkernas kudu buru-buru naék beus.  Sabab waktu nu disayogikeun pikeun ulin tur balanja ka Suramadu geus lekasan.

Rika teu kebat. Gura-giru muru beusna nu kaopat.  Beus nu disayogikeun pikeun rombongan beus ti Sumatra. Teu nolih deui kana kaos héjo nu tadi diparebutkeun. Bangun rusuh, Rika  teu kebat pamit atawa imut ka kuring.

Ari kuring kabagéan beus nomer dua. Ngahiji jeung pamilon konkernas ti provinsi Banten, Jawa Barat jeung DKI. Teu loba tatawar deui, genjreng we kuring mikeun duit salambar saratus rebuan. Satengahing lumpat bari muru beus nomer dua nu geus ngageuleuyeung rék nyorang deui Jembatan Suramadu ti lebah Madura.    

Hanjakal pisan. Kuring teu nyatet nomer hapé Rika. Jejer hirup Rika nu salila sapuluh taun poék, beuki mongkléng ngalimpudan haté kuring. Jeung saha atuh anjeun rumah tangga, di mana panganjrekan anjeun, ngawulang di mana anjeun kiwari, tos gaduh  budak sabaraha? Kiwari kuring mah ngajomlo. Teu kabita ku wanoja séjén. Dina haté ukur ngancik diri Rika.

Aya ku sué, wanci subuh kuring geus kudu chék-out Hotel Garden Palacé Surabaya muru ka bandara bisi elat. Lamun elat kuring bakal ditinggalkeun. Tara aya carita, pilot ngadekul nungguan panumpangna.  Kudu meuli tikét kapal sorangan pikeun balik ka lembur. Jeung deuih ogé Rika sarua, sakumna pamilon konkernas isuk-isuk kudu geus ninggalkeun hotél.  Kajaba mun ngahaja rék ngadon pakansi di Surabaya.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
Mohon tunggu...

Lihat Konten Fiksiana Selengkapnya
Lihat Fiksiana Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun